Ceu Een: "Tapi lamun urang ngupingkeun musik jeung nyanyian Arab, teu kabeh
lagu eusina ngandung papatah masalah kaislaman..da geuning aya lagu2 cinta
sagala. Kulantaran urang teu ngarti naon hati eta bahasa lagu nganggap weh
eta teh seni islami ..ah dasar bingung kuring ge."

Eta sugan, nalika Ceu Een ngareungeukeun lagu Arab, henteu nepi ka
d-amin-keun mah nya? Bisi dianggap eta nu ngahaleuang teh keur nga-do'a,
cenah. Hehehe.


2011/9/24 een Herdiani <[email protected]>

>
>
> Aduh punten Baraya Sunda rada telat yeuh...
>
> Nyeta ngamasalahkeun seni islami teh urang umumna ngarujuk ka gaya Arab,
> sakumaha anu didugikeun ku kang Remi. Cenah..lamun teu ngarujuk kadinya lain
> seni islami..ah ceuk saha ? kuring mah asa teu panuju. Sabenerna mah aya oge
> lagu-lagu karya Mang Koko anu eusina nyokong kana hal agama. Lagu2 eta
> dipirig ku kacapi atawa ku gamelan wanda anyar..puguh nyunda pisan teu aya
> pangaruh musik Arab..tapi ketang tetep da di jerona aya basa Arabna..nya ari
> kuring mah nganggap na eta seni karya Mang Koko bisa disebut seni islami.
>
> Sok kadang pikaseurieun di Sunda mah, supaya katempo eta seni Islami
> misalna nyieun karya tari anu pakeannana nutupan orat, make jilbab baju
> panjang wah pokona mah riweuh we..nya ari gerakan nana mah tetep we gerakan
> tari anu biasa campuran tari Sunda jeung babaletan...tah dianggap weh seni
> nu kitu teh islami padahal mah teuing seni naon eta arana..hehe
>
> Lucu deuih..keur kamari oge bulan naonnya poho, aya acara mere hadiah
> rancage diayakeun nana di UIN Bandung..atuh cenah seni anu dipintonkeun teh
> kudu seni anu bau-bau islam. Panitia hayang mintonkeun jaipongan, atuh ku
> kuring diakalan weh baju jaipongannana pangibing teh dilengkepan ku jilbab,
> alhamdulillah urang UIN teu aya nu protes padahal gerakan nana mah tetap
> gerakan jaipongan anu biasa aya saeutik gitek oge...eta pang bebenjo meureun
> siga nu seni islami.
>
> Nya kuring mah ngan ukur imut ngagelenyu we. Kitu deui pernah baheula aya
> acara di Istiqal sarua we diakalan nana ku pakean jeung aya murik-musik
> rebana..Tah batur mah eta nu kitu seni islami cenah.
>
> Kitu kang pangalaman kuring mah.
> Tapi lamun urang ngupingkeun musik jeung nyanyian Arab, teu kabeh lagu
> eusina ngandung papatah masalah kaislaman..da geuning aya lagu2 cinta
> sagala. Kulantaran urang teu ngarti naon hati eta bahasa lagu nganggap weh
> eta teh seni islami ..ah dasar bingung kuring ge..hehehe
>
> Cag..
> Sono Kabaraya Sunda yeuh
>
> ------------------------------
> *From:* Remi <[email protected]>
> *To:* [email protected]
> *Sent:* Monday, September 19, 2011 5:34 PM
> *Subject:* [Baraya_Sunda] Re: Agama jeung Seni?
>
>
>
>
> --- In [email protected], "Waluya" <waluya2006@...> wrote:
> >
>
> > Kulantaran uing mah lain ahli seni, nu pikaanyaho seni islami teh nya
> > kaligrafi, kubah masjid, musik rebana/gambus/ taghoni, marawis, baju
> gamis,
> > jilbab. Seni Sunda? Aya nu pangaruh Timur Tengah, Terebang atawa
> Gembyung,
> > ngan dicocogkeun jeung ceuli sunda, jadi weh ukur instrumenna we siga nu
> di
> > Timur Tengah, ari sorana mah teu ngaharib-harib jeung irama sagara keusik
> > ....
> >
> > WLY
> >
>
> Wah...Riweuh keneh Kang definisi na.
>
> Mun seni Sunda anu disebut 'seni islami'teh lantaran AYA pangaruh Arab na,
> hartina seni Sunda boga dua kualifikasi. Seni Sunda nu SUnda, jeung seni
> Sunda nu Islami?
>
> Mun kitu mah seni Sunda buhun teh sarua teu Islami, lantaran teu
> kapangaruhan Arab? Mun kuring maen gitar, ngahaleuangkeun melodi Arab, tapi
> eusi lirik na ngagung2keun rajakaya misalna, asup kategori mana nya? :))
>
> Atawa Ceu Een, ngajaipong... make musik Arab bari make pakean burka. Kumaha
> ngategorikeunana nya?;))
>
> Sing sumpah... kuring mah bingung kana istilah 'seni Islami'teh. Mun urang
> Cina ti Hongkong nu boga ageman Katolik, tapi resep kaligrafi Arab... naon
> judul na tah eta karya seni teh?
>
>
>

Kirim email ke