PBKS - Cik A Sabatang? Ku Roni Suarsa
Cunduk kana waktu, datang mangsa, kuring miang ti lembur dibaturan ku tilu jalma saangkatan, kuring sabalad balad kacaturkeun can pernah ngasaan nu ngaranna kapal ngapung, atuh teu beda antara calon penumpang nu kasebut jadi PRT, supir, oge experts siga balad balad kuring (heeuh jeung kuringna) dina palebah meuli karcis kapal, asup ka bandara (check in), boarding, jeung menta cap ti imigrasi tur blus na kana kapal ngapung, estu siga hayam lembur nu talag tolog teu puguh cabak, anu kasebut rada regreug mereun pedah kuring teu sorangan, jadi aya kasebut mun sagala rupa tea mah berjamaah, mun meunang ka era mereun jadina era berjamaah, mun meunang kabungah jadina bungah berjamaah, estu harita mah ti mimiti ngajengkatkeun suku nepika nincakkeun suku deui di daratan nagri sejen duduluran teh meni asa kaleleuwihi, ieu pasipatan karasa pisan ku dasar hiji kasapuk nyaeta sa warga jeung salembur. Deuk saeutik nyarita mangsa diperjalanan di awang-awang, harita mah kapal kelas ekonomi teh geuning meunangeun udud, teu siga ayeuna, ongkoh aya sinyal dilarang udud jeung “boleh” udud, tapi tetep we aturan mah teu meunang udud sapapanjang jalan, mereun eta sinyal teh sesa-sesa instalasi interior kapal baheula, nu ayeuna mah sugan eweuh sinyal udud, da geus total teu meunang udud. Kacaritakeun disatengahing hihiberan, sinyal dilarang udud teh parem, eta hartina para pengudud diwenangkeun udud di jero kapal. Inget keneh harita para wanoja gareulis palayan kapal ngadatangan hiji-hiji panumpang bari nanya, “ari akang udud?”, di waler “ sumuhun”, “mangga atuh bade udud/nyesep mah” walon na ku sora nu halimpu. Harita kuring keur meneran acan udud, iwal ti batur kuring nu tiluan, diwenangkeun udud teh lir mobok manggih gorowong, teu antaparah deui kusiwel weh ngaluarkeun udud sewang-sewangan, serebung udud bangun nu ni’mat, kuring nu acan udud ge langsung namprak ka babaturan sabatangeun mah… serebung we kuring ge da teu aya nu nyawad ieuh.. Orokaya, heeuh mereun udud batur kuring jeung kuring teh lolobana udud lembur anu haseupna lir ibarat ngadurukan jarami pare, karek diududan ku opatan ge rohangan kapal teh siga kahuruan, ribut ti mimiti pramugari nepika kru sejenna nyalampeurkeun, naha kuring saparakanca teh udud naon nepika nyerebungkeun haseup sakitu meledugna. Tungtungna dicindekan ku salah sahiji kru kapal, mun udud siga kitu, hadean sorangan sorangan we giliran, sapuk.. Celengkeung teh batur kuring nyarita ka kapten kapal, *pak, kenapa engak dibuka aja atuh jendela nya biar asepnya keluar..!!* Heeuh antara serieus jeung hayang seuri harita ngadenge usul batur kuring teh… J
