PBKS - AC Pangbadagna Sadunya? Ku Roni Suarsa Anjog ka bandara Jeddah, harita keur usum tiris kacida, suhuna tepika sahandapeun sapuluh darajat, lol tina panto kapal ngapung, lain ngahandeutan ngadon beuki ngabirigidig tiris, keur mah geus tiris sapapanjang hihiberan…
Celengkeung deui bae batur kuring nu eta keneh ngomong ka balarea, “*enya euy teu nyangka, baheula mah ngan beja Saudi beunghar teh, geuning ayeuna mah karasa ku urang euy*”….**** ** ** Ditanya ku kuring:” *naha karasa kumaha kitu pangna Saudi teh beunghar?”..** *** * * Walonna teh:”*sok rasakeun ku ente, naha teu tiris kitu ayeuna?”***** Kuring:”*heeuh, tiris”***** Batur kuring:*”tah ieu teh ciciren yen Saudi teh beunghar, sok pikiran ku ente, bujeng ning imah rahayatna, langit ke make AC tepika sakieu tirisna!!!”***** ** ** Kuring teu kaampeu seuri nepika panumpang nu sejen pada ngareret ka kuring saparakanca.
