Juragan Comro : Heh urang kota, ieu tanah kula teh ligar, piraku ditawar 600 
juta
Calo Tanah      : Pa, pan NJOP na oge hargana murah, maenya menta samilyar
Juragan Comro : Kula tetep moal ngajual ieu tanah mun hargana sakitu
Calo Tanah       : Hayang sabaraha atuh pa?
Juragan Comro : Kula moal miken mun hargana 600 juta, kula menta samilyar teu 
kurang teu leuwih
Calo Tanah       : Kieu bae pa, kumaha mun satengah milyar, ku kula ditambahan 
saratus juta, sanggup?
Juragan Comro : Tah eta kula satuju, mun satengah milyar ditambahan saratus 
juta kula oge wani, sok geura bayar...........
Calo Tanah       :  (Nyengir kuda, dina hatena ngagerentes ngomong gampang 
geuning urusan jeung jelema teu nyakola mah bari ngaluarkeun duit dina tasna 
sajumlah 600 juta song diasongkeun ka Juraga Comro)

Kirim email ke