Hehehe. Memang kitu idealna mah, postingan teh bahan anyar beunang nulis
sorangan. Ngan nu jiga kitu teh, mun noong realita nu aya, pikeun milis
sagala aya jeung saaya-aya, model milis Ki Sunda, estuning lir ngajul
bentang ku asiwung. Mangga we geura toong, tina sarewu anggota teh sabaraha
urang nu sok daek tulas-tulis ngirim bahan obrolkeuneun. Atawa tong
jauh-jauh nepi ka daek nulis artikel sagala, toong we sabaraha urang nu sok
ngomentaran. Padahal eta pagawean nulis artikel jeung nulis komentar teh,
sasat nyawana milis. Mun dua urat beuheung milis eta pegat, nya paragat atuh
nyawana milis teh.

Nu matak, uing mah realistis we, ceuk pikiran uing kaci rek nyalin artikel
neruskeun ti milis sejen, atawa artikel tina koran, majalah, blog oge
sapanjang "halal" jeung "toyib". Kiriman salinan model kitu teh, maksudna
keur "trigger", bahan padungdengkeuneun. Tah lebah dieu nu perlu konsisten
teh, diskusina make basa karuhun, basa Sunda tea.

Kitu manawi nun.

2011/10/1 oman abdurahman <[email protected]>

> **
>
>
> Baraya,
>
> Lain teu niat ngawatesan copy paste atawa neruskeun posting ti milist
> sejen, ngan, tulisan di handap ieu ceuk rarasaan payus upama dibaca ku
> jelema rea. Seratan kang Afif (Prof Afif Muhammad) ti UIN nembag pisan keur
> sing saha wae anu ngumbar lamunan hayang panggih jeung bidadari
> sagan-gancangna di sawarga, komo bari ngorbankeun nyawa nu lian mah. Ceuk
> hiji tafsiran, bidadari di sawarga teh taya lian ti isteri urang keur di
> dunya anu sasarengan asup ka sawarga. Hartina, lamun hayang manggihan
> bidadari di sawarga nya kudu merhatikeun kulawarga sorangan nalika keur di
> dunya, lain ngebom nu lian nu teu tuah teu dosa.
>

Kirim email ke