Tah geuning aya Kang Haji. Sok lah Kang Yani dongengkeun lalakon munggah hajina
2011/10/3 <[email protected]> > Teu kapikir sacongo buuk acan ti anggalna, bisa ngalaksanakeun ibadah > haji. Teu siga batur, anu teu kendat ngadua neneda ka Gusti nu Maha Agung > sangkan diondang ka tanah haram. Rarasaan kuring mah dina perkara ngadua > biasa wae. > > Ngan waktu di kantor aya program ngahajikeun para pagawe ku cara diundi, > kuring teu kapilih rada kasundut oge. Taun 2007 kuring ngabuka tabungan > haji. Jikan boga simpenan sesa hasil honor pelatihan di ustrali. Rezeki ieu > oge aya caritana. Tadina rezeki eta teh diinvestasikeun meuli imah petak > kabeneran aya anu butuh dana kilat. Jangjina mah cenah mun geus hasil > usahana, eta injeuman duit rel dibalikeun. Aya kana taunan mun ditagih teh > loba ekolna tarsok (ntar besok). Ku leukeun nagih, ahirna mah eta duit teh > dibalikeun. Kapok bisi ditipu deui, diinvestasikeun wae ka tabungan haji. > > Mei 2008 embaran daftar anu lolos naek haji. Kuring jeung jikan teu kaasup > daftar anu lolos. Tapi bulan agustus/september aya telepon ti bank cenah > kuring kudu geuwat ngalunasan sabab kuota ditambah jeung aya calon jamaah > anu asup daftar urut ngabolaykeun naek haji sabab teu bisa ngalunasan. > Waktuna samporet pisan. Can latihan manasik, ngurus surat kasehatan, paspor, > babawaan. Padahal november geus kudu ngapung ka nagri sayang onta.. > Powered by Telkomsel BlackBerry® > >
