PBKS - Urang Sunda Munggah Haji 1
Ku Roni Suarsa

*Pangalaman Haji*

** **

Anjog ka awal taun nu kadua sabada cuti ka lembur, kuring ditawaran ku
atasan, naha deuk hajian moal ceunah, lakadalah, apan ieu salah sarebu
udagan teh pangna kuring kumelendang ka arab teh sasat deuk niat hajian.
Atuh puguh we disapukan daria naker. Teu kacatur kumaha ngurus-ngurus
susuratana, bral weh kuring hajian, harita awal taun 2003 mun teu salah mah.
****

** **

Sapapanjang lalampahan ngalaksanakeun rukun haji, teu loba nu aheng
caritakeuneun, nu puguh mah pasesedek rada ripuh, komo palebah maledog
tihang dina raraga jumroh, teu sirikna nandonkeun nyawa antara sadar jeung
henteu, pabeulit jeung rombongan ti afrika nu awakna jangkung badang, teuing
naon nu aya dina pipikiran maranehna, dina palebah maledog teh bener bener
mereun nu dibayangkeun diharepeun maranehna nyaeta setan, atuh jamaah lian
kaasup kuring ge dianggap setan mereun ku maranehna, da kuring teu dideleu
saeutik-eutik acan, ngutud we siga kareta api nu teu bisa ereun, ah dasar,
ngan ka ayeunakeun mah kusabab loba kajadian siga kitu, pamarentah Saudi
ngarombak wangun daerah jumroh, make jeung aya lift sagala, jadi ngeunaheun
jeung nu cilaka kurban jalma nu teu boga cedo (siga carita diluhur) bisa
ngurangan.****

** **

Saeutik mereun tah carita kuring sorangan nu rada teu asup kana panalar,
harita tanggal 9 Djulhijjah, poenan sakabeh jamaah cicing (wukuf) di padang
Arofah, salila sapoe jeput sakabeh jamaah kumpul didinya, kusabab kuring
sabalad-balad mah ngilu ka rombongan Arab, atuh sabatae sagala rupa teh
serba arab, boh dina dahar, boh dina pagundeman, nya palebah wukuf ge kitu,
baturmah sasama urang arab diayakeun khutbah, nya kusabab kuring teu ngarti
basa manehna, kuring sabalad-balad antukna laku sakacabakna, maca qur’an,
sare’, jeung rupa-rupa nu teu puguh alang ujurna, nya dina satengahing
cicing, kuring neneda ka Gusti Nu Maha Suci. Ngadu’a saaya-aya, salah
sahijina, kuring ngadu’a sangkan dimudahkeun sagala urusan dina naon oge,
kuring ngarasa yakin pisan, komo apan ceuk sakaol mah, du’a na di padang
Arafah mah sok langsung ditedunan, eta aya dina hadits na oge’ pan.****

** **

Saanggeus beres di Arofah, kuring jeung sakumna jamaah sadunya, sore’-sore’
langsung ngabring ka Mudzalifah, deuk ngadong meuting, kitu apan dina rukun
haji na oge, palebah dieu, teu menak teu cacah, teu raja teu budak, mondok
ngan dipayungan ku langit Allah Ta’ala, disimbutan ku pakean nu napel na
awak, mun tiris nya katirisan oge mun panas nya kitu deui pinasti kapanasan
(dina salila waktu peuting).****

** **

Rebun rebun keneh kabeh langsung nuju ka Mina deui deuk maledog tihang dina
raraga jumroh tea, tah palebah dieu nu rada aheng, kuring kukumpul batu
sagede kaleci sarawu jeung sakacepengna, ceuk angkanan loba lah sigana
leuwih ti hiji, tilu tihangeun dikali tujuh batu berarti kudu ngepeul 21
batu jumlahna, dina kepeulan teh ceuk itunganmah bisa leuwih.****

Laju weh kuring maledogan tihang, nu kahiji, kadua jeung nu panungtung
(jumroh aqabah, wustha, ‘ula), nu aneh teh, eta batu nu dikepeul ku kuring
bet lobana bisa 21 siki !!****

Can pati sadar, tapi saanggeusna karek inget, naha pedah kuring ngadu’a di
Arofah kamari yen ieu hartina dina ijabah sagala kamudahan?****

** **

Dilaju sarengsena maledog (jumroh) teh ka masidil harom deuk thowaf, palebah
dieu deui-deui si kuring ngarasa aheng, kuring ngabogaan niat deuk nyium
hajar aswad, na atuh geuning sababara kali dina sajumlah tujuh kuriling teh
kuring make bisa nyium eta hajar aswad nu padahal batur mah paeh poso deuk
bisa ngadekeutan teh, Allahu Akbar.****


Saterusna kuring deuk nguji deui (heeuh asa helok) dina poenan kadua jeung
katilu dina jumroh, kuring ngarawu batu leutik sa kakepeulna, subhanallah,
eta batu bet jumlahna 21 deui jeung 21 siki deui, asa aheng kacida, tetela
Allah mah Maha Wenang.

Kirim email ke