Nu ka toong ku uing mah Kang Yani, jigana moal aya tungtungna ngadukumbangkeun antara nu resep make undak-usuk basa (uub), jeung nu hayang ngencar tina katalimbeng ku uub teh. Da kapan eta isu teh, geus mucunghul heubeul pisan, nepi ka kiwari ge tetep we masing-masing aya umatna.
Jadi jalan kaluarna ceuk uing mah, lain kudu ngahalang-halang nu hayang ngalarapkeun uub, kitu deui lain kudu ngaharamkeun nu teu make uub. Nyaeta solusina kucara ngalebaran ruang dina dada sarta mastaka urang masing-masing, pikeun waras kalayan sadar narima ayana gaya nyatur papada urang Sunda. Mun baraya nu resep nyarita make uub, dijawab ku baturna make basa cohag, ulah nepi ka asa teu dihargaan. Sabalikna, upama nu resep make basa cohag, dijawab ku baturna make basa uub, ulah asa disungkun. Bisa teu nya? Numatak, asana keur jaman kiwari mah, leuwih hade urang make tepak dua jiga kieu: 1. Numuwuhkeun sikep WANI NYARITA SUNDA 2. Numuwuhkeun sikep DAEK NYARITA SUNDA Asana cukup tah ku juruan tepak dua oge. Hehehe 2011/10/7 MRachmat Rawyani <[email protected]> > ** > > > Bahasa oge tiasa ngagambarkeun kumaha interaksi/komunikasi urang sareng > lingkungan dimana urang cicing. Conto anu jelas kumaha urang Eskimo > ngagambarkeun kana basa perkara salju. Di urang mah pan ari mireng kecap > salju, nya siga es, titis warna bodas. Tapi Urang eskimo mah aya sababarah > kecap anu beda-beda ngagambarkeun/nerangkeun perkara per-salju-an. > > Tah dina perkara basa ieu, jigana wae kolot urang baheula anu "nyiptakeun" > basa Sunda kana basa lemes, kasar, sedeng, bener-bener jiwana halus, leuwih > cerdas, leuwih pinter. Soalna teu sagawayah nyiptakeun hiji kecap basa anu > jadi acuan atawa dipiturut ku sakabeh urang Sunda, jadi hiji pakem/aturan. > Ayeuna aya kahayang sangkan make basa sunda teu kudu aya tingkatan (lemes, > sedeng, kasar, ka sahandapeun, saluhureun, papada sapantar) supaya teu > karagok. Ari kitu mah hartina "numpurkeun" kapinteran atuh? > > mrachmatrawyani > > ------------------------------ > *From:* Ahsa <[email protected]> > *To:* [email protected]; Ki Sunda <[email protected]> > *Sent:* Thursday, October 6, 2011 8:46 PM > *Subject:* Re: [kisunda] Maneh Hayang Pinter? Hayu Urang Diajar Basa Sunda > Euy! > > > Cenah basa teh samodel leuit keur ngawadahan elmu. Kaharti mun kitu mah > kunaon Imam Ali bin Abi Thalib ngadawuh: cangcang elmu make seratan. Tangtos > na mun nyerat teh pan ngagge basa. Janten basa teh leuit elmu. Jadi inget > kuliah sajarah Islam di UIN... > > Pada 7 Oktober 2011 09:38, Ki Hasan <[email protected]> menulis: > > ** > > Baraya cenah mun hayang pinter, kudu daek diajar basa. > Kaasup diajar basa Sunda, tangtuna ge. > > ===== > >
