Matematika Mumuluk Isuk-isuk Aya dua siki kulub hui kumeli, jeung dua siki kulub endog. Mun dibelewekkeun kabeh, bisi wareg teuing. Hayoh kalah tambah gendut. Pan cenah langsing leuwih sehat nya. Hehehe. Mun ngan sasiki kumeli jeung endog, bisi teu nepi ka beurang, hayong kukurubukan deui.
Kudu kumaha nya? Urang nuturkeun papagah kolot, pilih nu sineger tengah cenah. Mun opat loba teuing, dua teu cukup, meureun kudu milih tilu we. Tilu teh jiga kumaha komposisina nya? Urang coba make matematika. Pilihan kahiji: 2 kumeli, 1 endog Pilihan kadua: 1 kumeli, 2 endog Wilujeng mumuluk isuk-isuk! Tong hilap regot cikopina, suruput cai enteh panasna. <https://www.facebook.com/photo.php?fbid=10150290638132574&set=a.10150165360507574.285986.654797573&type=1&ref=nf>
