Eta u nyarita jeug nyentak Bhima teh geus masang gondewa rek manah Bhima;
Bhima maju rek ngarontok; Yudhistira rikat ngahalang Bhima; ari Kresna rikat 
ngahalang
mu rek manah Bhima. Nyata nu rek manah Bhima teh Balarama atawa Baladewa;
langsung nyarita ka Kresna :" Eh Kresna ! Minggir sampeyan; keun tong dihalangan
tuman ieu si Bhma teh kudu disingkirkeun; lantaran euweuh kaadilan pisan ! Geus
ngakaya jalma nu teu walakaya; bari ngalakukeun kacurangan ! Jeungna ku naon 
diantep ku sampeyan Kresna ! Seug geura minggir sampeyan, jalma nu boga 
kaadilan kudu dimusnakeun ! Sampeyan nyaho ieu senjata naon ditangan Kaula; 
jadi mo aya nu bisa
nahan kasaktianana; minggir sampeyan Kresna !"

Kresna gancang ngacungkeun tunjukna; sakeset netra kaluar senjata CAKRA nu 
terus muter ; Balarama kacida reuwasna terus nyentak ka Kresna :" Kresna ! 
Nanaonan sampeyan ngaluarkeun senjata Cakra ! Jeung saha musuh sampeyan ? Nepi 
ka kudu
narima senjata Cakra !?"

Kresna ngandika :" Lamun Baladewa geus ngaluarkeun Nanggalana; tangtu moal aya 
nu
bisa nadahan kasaktianana; Kaula ti awal rek bebela ka Pandawa; jadi lamun 
sampeyan mentangkeun eta panah; tangtu Kaula binasana; tapi ieu CAKRA oge moal 
eureun lamun can nyapatkeun beuheung musuhna; jadi urang duaan bakal sarua 
binasana !"

Baladewa :"Ke ke ke heula anan ! naon da Kula mah moal ngamusuh jeung sampeyan 
Kresna; sok geura asupkeun deui eta senjata Cakra teh ! Bisi kalepasan, engke 
hanjakal
senjara kitu mah kudu ati2 pisan ngajagana !"

Kresna ngawalonan :" Ieu senjata Cakra moal asup lmun Nanggala can disimpen !"

Baladewa bari rada gurang gusuh ngasupkeun Nanggalna teu jadi dipentangkeun ka 
Bhima; terus nyentak ka Kresna :" Sok ayeuna tah Cakra oge ampihan ! Jeung 
kumaha
tah ngahukum nu teu adil !?"

Kresna oge enggal ngampihan Cakrana terus nyarita aris :" Tah kapan salse jeung 
tenang
lamun kieu mah; tah ayeuna hayu urang ngabahas perkara nu ayeuna kajadian bari 
tenang !"

Kresna neraskeu caritana :" Kakang panginten emut, kapungkur Pandita Maitreya 
datang
ka Astina, mapatahan Suyudhana supaya sadar; jeung malikeun deui Indraprasta ka 
Pandawa; kumaha Duryodhana ? Lain nurut piwuruk Bagawan Maitreya; malah mah 
ambek; Pandita Maitreya di jambak dibantringkeun ka na lemah; terus dileyekan 
beungeutna ku Suyudhana ! Tah harita Maitreya ngutuk pastu yen Suyudhana mun 
geus teu walakaya bakal dileyekan ku musuhna ! Tah nya ieu kajadian tadi teh 
wawales ka Suyudhna; jeung teurakna eta kutuk pastu !"

Balarama :" Tapi eta si Bhima perangna LICIK ! Ngagada ka na shandapeun bujal ! 
Naha ku sampeyan diantep ? Dimana kaadilanana !?"

Kresna ngandika :" Yeuh kakang Baladewa ! Sampeyan ari nyarita kudu dipikir 
heula ! Sampeyan oge maphum kapan, kaayaan ayeuna teh moal leupas ti na kaayaan 
baheula ! Pasti aya pakuat pakaitna. Lamun nyoal kaadila; kakang ku naon 
ngantep Suyudhana jeung Sakuni ngalicikan Pandawa !? Ku naon sampeyan teu 
nghalangan eta maen DADU nu sakitu jelas licikna !? Tah mun ti baheula eta 
kaadilan ditanjeurkeun; moal aya kajadian teu adil waktu ayeuna ! Baheula si 
Suyudhana kungsi mamangku Drupadi di na pingpingna bari ngahina Drupadi ! Naha 
diantep wae eta kalakuan durjana kitu teu aya nu ngahalangan !? Akhirna kapan 
Bhima SUMPAH ! Isuk jaganing geto bakal NEUNGGEUL pingping Suyudhana ! Nha eta 
sumpah teh heuheureuyan !? Lain ! lain heuheureuyan ! Nya ayeuna 
dilaksanakeunana eta sumpah teh ku Bhima ! Naha bisa disalahkeun !? Sampeyan 
kuduna era sorangan, ngantep kasawenang wenangan Suyudhana ! Cik naon nu geus 
dilakukeun ku akang , di na masalah MAEN nu licik tea !?"

Baladewa reup beureum ray pias; akhirna bari ngageter nyentak ka Kresna :" 
Heueuh !
geus geus we ulah diteruskeun ! Kajadianana ge geus liwat ! Jeung nanaonan 
deuih Kaula pipilueun, kapan Kaula teh netral ! Ah ka sakumna wae Kula pamit. 
Ti semet ayeuna kahareup ulah ngarepkeun Kaula aya deui; Kaula mah rek 
leuleuweungan; teu guna hirup kumelendang bari jeung pinuh ku rupa2 teu 
kaadilan ! Pamit mundur !"

Sadayana sami ngawilujeungkeun; ngan Bhima nuĀ  ngabetem we; da masih rada 
keuheul ku Baladewa; tapi Bhima ge rada rumasa lantaran memang perangna jeung 
Suyudhana rada LICIK.

Saenyana mah memang rata2 Pahlawan Astina tiwasna ku rada dicurangan; tapi 
dasarna memang eta para Pahlawan nu ngamusuh Pandawa teh tiwasna bari rada 
ngahaja da teu tega ngelehkeun Pandawa. Drona api2 nanyakeun bener henteuna 
Aswatama tiwas ka Yudhistira;lantaran mun mundur tanpa alesan bakal ninggalkeun 
ngaran nu bau ! Eta nu dijaga; jadi hayang khusnul khatimah tea. Mun nanya ka 
Arjuna pasti bakal meunang jawaban nu sabenerna; tapi Arjuna geus dijauhkeun 
ngahaja ku Kresna !

Kresna teh titisan Wisnu nu boga pancen ngancurkeun Para rereged dunya; nya eta 
Kangsa, Jarasandha jeung Suyudhana. Kangsa jeung Jaransandha geus tuntas; nu 
hese Suyudhana ! Tapi Kresna waspada yen teu kudu Kesna sorangan nu 
ngalaksanakeun tugas eta; ku Pandawa ge cukup; ngan kudu rada dibantuan; 
lantaran ari bibit khianat mah
geus aya lantaran loba Pahlawan Utama Astina nu teu satuju ka na pulitik Sakuni 
jeung Suyudhana; jadi masing cek itungan kakuatab Astina 4X lipet Pandawa tapi 
ditambah ku FAKTOR teu soson2 mah eleh oge !


HANCA 

Kirim email ke