Tadi subuh kakara miang tatangga anu ngalaksanakeun munggah haji make ONH plus.
Caritana dua calon jamaah haji dipariksa kasehatan, masih aya keneh plester
panutup jarum suntik tempat nyokot getih, jol aya beja, cenah teu jadi miang
taun ieu, jatah keur ONH plus dikurangan. Puguh wae atuh era parada ka tatangga.
Teu lila ti harita jol aya beja deui, cenah aya calon jamaah haji anu
ngabolaykeun teu tulus naek haji taun ieu. Atuh gurung gusuh nyiapkeun
babawaan. Latihan manasik haji oge kakara ngiluan sakali. Latihan jalan kaki
oge acan. Mangkaning eta dua calon jamaah haji teh umurna aya kana genepuluh
taunan mah. Muga-muga wae sing lungsur langsar teu aya halangan harungan.
Tadi isuk panggih jeun batur sakantor, umurna aya kana nincak 40 taun. Manehna
ngadongeng, kamari kakarek aya panggilan ti kementeriaan agama urusan haji,
ngaranna asup kana daftar reguler anu munggah haji taun ieu. Kudu geuwat
ngalunasan, ngurus paspor jeung mariksakeun kasehatan. Padahal tadina mah teu
nyangka sacoo buuk acan, bisa indit haji taun ieu.
Ceuk cenah mah, aya tambahan kuota haji 10000. Biasana mah kuota ieu teh 2500
jang jamaah haji reguler, sesana keur ONH plus. Tapi taun ieu mah kuota eta teh
dibalik. Salian aya kuota tambahan, moal kitu ditambah jatah calon jamaah haji
anu maot di jalan atawa maot di tanah suci samemeh wukuf di Arafah?
Baktos,
Mrachmatrawyani
Powered by Telkomsel BlackBerry®
------------------------------------
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> Your email settings:
Individual Email | Traditional
<*> To change settings online go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
(Yahoo! ID required)
<*> To change settings via email:
[email protected]
[email protected]
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[email protected]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/