PBKS - Dua Jalan Munggah Haji Nu Beda
Ku: M Rachmat Rawyani

Tadi subuh kakara miang tatangga anu ngalaksanakeun munggah haji make ONH
plus. Caritana dua calon jamaah haji dipariksa kasehatan, masih aya keneh
plester panutup jarum suntik tempat nyokot getih, jol aya beja, cenah teu
jadi miang taun ieu, jatah keur ONH plus dikurangan. Puguh wae atuh era
parada ka tatangga.

Teu lila ti harita jol aya beja deui, cenah aya calon jamaah haji anu
ngabolaykeun teu tulus naek haji taun ieu. Atuh gurung gusuh nyiapkeun
babawaan. Latihan manasik haji oge kakara ngiluan sakali. Latihan jalan kaki
oge acan. Mangkaning eta dua calon jamaah haji teh umurna aya kana genepuluh
taunan mah. Muga-muga wae sing lungsur langsar teu aya halangan harungan.

Tadi isuk  panggih jeun batur sakantor, umurna aya kana nincak 40 taun.
Manehna ngadongeng, kamari kakarek aya panggilan ti kementeriaan agama
urusan haji, ngaranna asup kana daftar reguler anu munggah haji taun ieu.
Kudu geuwat ngalunasan, ngurus paspor jeung mariksakeun kasehatan. Padahal
tadina mah teu nyangka sacoo buuk acan, bisa indit haji taun ieu.

Ceuk cenah mah, aya tambahan kuota haji 10000. Biasana mah kuota ieu teh
2500 jang jamaah haji reguler, sesana keur ONH plus. Tapi taun ieu mah kuota
eta teh dibalik. Salian aya kuota tambahan, moal kitu ditambah  jatah calon
jamaah haji anu maot di jalan atawa maot di tanah suci samemeh wukuf di
Arafah?

Baktos,
Mrachmatrawyani
Powered by Telkomsel BlackBerry®

Kirim email ke