Punten dulur si(m) kuring anu dhoif jeung bodo ieu bade tumaros, ari nagara 
urang ngangge sistem pamarentahan naon? Dumasar kana UU Otonomi Daerah dimana 
penyelenggaraan berbangsa jeung bernegara yen daerah dibere kawenangan tina 
ngurus daerahna tanpa intervensi Pamarentah Pusat. Anu ngandung harti yen 
Gubernur henteu bisa mere pertanggung jawaban ka Presiden, tapi cukup ka DPRD 
Provinsi oge sumawonna Bupati/Wali Kota henteu bisa mere pertanggung jawaban ka 
DPRD Kabupaten/Kota. Bingung kulantaran sacara de facto jeung de jure 
dina hirarki kapamimpinan yen Presiden atasan Gubernur jeung Gubernur atasan 
Bupati. Kusabab kitu mun aya regulasi anu dikaluarkeun ku Pusat sok pasigeungan 
(henteu akur) jeung regulasi anu dikaluarkeun Daerah, jadi anu aya tumpang 
tindih aturan, anu akhirna birokrasi jadi tambah ruwet jeung runyeum jeung 
katingalina henteu efektif jeung efisien.
Sugan aya pakar na di ieu milis Kisunda, cig kuring bere pamahaman, sangkan 
kuring ulah boga buruk sangka ka ieu nagara Indonesia anu disangka ku kuringmah 
Indonesia teh nagara acak-acakan.
 
Salam, 
SP Saprudin

Kirim email ke