Disalah sahiji riwayat kacaritakeun di hiji lembur aya budak
bujang (pamuda) anu kacida gorengna. Bakating ku gorengna eta pamuda, teu aya
jalma hiji ge anu wani netep manehna, komo deui budak awewe anu parawan henteu
wani netep beungeutna. Mun panggih amprok di jalan, maranehna nyaringkah supaya
henteu paamprok jeung pamuda eta. Sebut we eta pamuda ngarana Menyon. Upama aya
budak parawan henteu ngahaja paamprok di jalan, mun ditegor ku si Menyon "Neng
bade angkat kaman?", ditembalna teh "Amit-amit jabang bayi" bari miceun
beungeut.
Urang lembur sabuderanana, utamana jalma wewe anu keur gede beuteung sok
mindeng ngado'a anu khusyu ditiap ba'da shalat fardhu. "Nun Gusti abdi, Anu
Maha Agung tur Maha Kawasa tina sagala Ciptaan-Na. Mugia ieu budak anu nuju
dikandung ku abdi, mugi sing diraksa, sareng disalametkeun dina kalahiranana.
Aluskeun penteuna saalus Nabi Yusuf as., sasabar Nabi Ayub as. sawanoh Nabi
Musa as. sareng tebihkeun tina sagala kaawonan sareng cacad penteu si Menyon
sareng berkat rahmat-Anjeun sareng kaberkahan sareng ridha kadua tuang sepuh,
aki sareng nini jabang bayi anu dikandung ku abdi ieu, mugia ieu jabang bayi
lahir ka dunya dina kaayaan salamet sareng janten anak anu ngabakti ka tuang
sepuhna. Robbanaa aatinaa fiddunnyaa hasanah wa fil akhirati hasanah wa qina
adzabbannaar, Wassalallahu ala Muhammadin wa ‘ala alihi washohbihi wassalam,
Walhamdulillahirrabbil ‘alamiin". Sanggeus salse ngado'a tuluy ngusap-ngusap
beuteungna.
Dina hiji mangsa carita kagorengan beungeut, nyaeta hiji awewe geulis
ngadatangan tukang pangrajin perhiasan mas di salah sahiji toko mas menta
dipangjieunkeun ukiran gambar kedok dina cicinna. Sipengrajin mas nanyakeun ka
awewe eta "Neng, gambar kedok sapertos kumaha anu kedah diukirna?" Kabeneran
jalma goreng beungeut si Menyon keur aya deket toko eta nyenderkeun awakna kana
tembok toko boga si pengrajin mas. Tuluy awewe eta ngajawab bari rada bingung
jeung rada keuheul "Mhhh....damelkeun sapertos penuteu jalmi itu!" tembalna
bari nunjuk ka arah si Menyon. Tuluy manehna ngoloyor ninggalkeun eta tempat
teu ngadagoan naha si pengrajin perhiasan mas bisa ngajieunkeun atawa henteu.
Allah Swt. nyiptakeun sagalana di alam dunya henteu mubajir pasti aya hikmahna
dibalik eta. Misalkeun buah duren anu loba cucukan anu teuas, singhoreng boga
aroma anu seungit jeung eusina anu lembut jeung ngeunah. Salain eta, kulit
duren anu keras jeung cucukan oge bisa dipake miceun bau anu kaleuwihan tina
baham mun eta cekongan kulit duren di eusi cai nginum tuluy urang nginum eta
cai tina kulit duren. Kitu deui cai eta bisa dipake pikeun ngumbah leungeun
pikeun miceun bau duren anu nempel dina leungeun. Sifat "synthese" tina eusi
duren bisa dielehkeun "antithese" ku nu aya dina kulit duren. Eusina anu lembut
jeung ngandung gizi jeung protein jeung bau harumna anu kacida kaambeu ku
irung, dihalangan ku kulit anu kuat jeung cucukan. Jalma anu arek meulah eta
duren kudu ati-ati sangkan leungeun jeung jari ramo urang ulah sampe kacugak
cucukna.
Bauh manggis anu boga kulit kandeul jeung hideung, pait jeung henteu
pikareuseupeun, singhoreng boga eusi anu putih, lembut tur bersih jeung amis
rasana. Eusina ngarentet hiji jeung sejena ngentep, goreng jeung alusna tinggal
urang anu milah jeung milih mana anu bakal didahar jeung mana anu moal didahar.
Hancaaaaaaaaa.....