Si Menyon sorangan sok ngado'a tiap ba'da shalat fardhu : Nun Gusti abdi, 
Anu Welas Asih kalayan sagala kaagungan Anjen, mugi maparinan taubat ka diri 
abdi anu saageng-agengna tina sadaya kalepatan, sareng abdi nyuhunken 
kardidhoan Anjen tina sadaya ibadah muamallah anu ku abdi dipidamel. Sadaya 
Puji kangge Anjen anu ngawasa sakumna alam ieu. Mugi Gusti maparinan 
rizki sareng harta anu henteu ngabeungbeuratan ka kulawarga abdi, tebihkeun 
tina saaya bala, iri, dengki sinareng hasudna manusa sareng Dajjal anu baris 
nyesatkeunn, sinareng ti hal-hal anu pikasieuneun. Pasihan abdi katenangan 
hirup dina haté abdi, katenangan anu saestu-estuna, nyaéta ketenangan dina 
kabagjaan emut ka Anjen, sapertos tenangna alam tengah weungi. Allahumma Ya 
Alloh, kalayan kagungan Anjen, damelkeun kangge abdi tina teu aya janten 
aya, hiji wanoja anu bisa jadi réncang hirup abdi, abdi ridho sadaya anu 
ditantoskeun ku Anjen, sanes anu ditangtoskeun ku abdi. Iwal ka
 Anjen badi gumantung sareng pitulungl. Robbana atinaa fiddunya hasanah wa fil 
akhirati hasanah, waqina adzabannaar. Washolallahu ‘ala Muhammadin wa’ala alihi 
wa sohbihi wasallam. Walhamdulillahirrobbil’alamiin”. 
 
Beurang ganti peuting jeung peuting ganti siang, henteu aya parobahan anu 
ngajadi tina kahirupan eta lembur. Jalma-jalma saperti biasa ngalakukeun 
aktivitasna neangan rezeki, anu ka kebon, anu ka sawah, anu ka laut, anu ka 
warung, anu kasakola  jeung sajabana. Unggal jalma kabawa ku kamaslahatan 
dirina sorangan. Lembur eta estu lembur anu jempling jeunng jempe henteu aya 
parobahan.
 
Tina mangsa hiji poe lir ibarat gelap di tengah poe, kadenge kabar yen si 
Menyon arek kawin. Sakabeh jalma lembur ear, teu kolot teu budak, lalaki atawa 
awewe jadi riweuh ngomongkeun si Menyon. "Bener kitu? Saha awewena anu 
daekeun?" Sampe ka barudak leutik lalumpatan bari gogorowokan "Si Menyon arek 
kawin!! Si Menyon arek kawin!! Oray-orayan luar leor mapay sawah tong ka sawah 
aya Menyon keur nyengir bae"
 
Jalma-jalma anu ngadenge siling tumanya, "Naha enya kitu?". Ibu-ibu anu keur 
silih siaran neangan kutu di hareup imah buru-buru lalumpatan, ngomekeun 
samping jeung rokna anu mararosot, ngomekeun kerudungna tuluy muru imah 
tatangga-tatanggana rek nanyakeun jeung netelakeun kabar berita si Menyon arek 
kawin, "Naha enya?".
 
Salah sahiji Ajeungan anu geus kolot (aki-aki) anu keur lempang balik ka imahna 
sabari batuk, sampe sukuna kasangkut batu, waktu rek ngaliwatan jamatan solokan 
hareupeun imah barengan jeung barudak laleutik anu keur kokoceakan. Ajeungan 
buru-buru ngangkat leungeunna bari tanggah ka langit "Alhamdulillah" pokna. 
Budak parawan ngora atawa parawan kolot sarua tunya tanya : "Naha enya kitu? 
Karunya amat nya pipamajikanana, katiban sial". Rasana mun eta di lembur aya 
terbitan surat kabar saperti "Pikiran Rakyat" atawa "Radar Banten" katulis 
headline gede "Si Menyon arek kawin".
 
Sakumpulan ibu-ibu lembur, meureun Dharma Wanita-na lembur eta, geus teu sabar 
ngirim utusan dua jalmi ka imah kolotna si Menyon piken netelakeun kabeneran 
kabar eta. Kadatangan maranehna dipapag ku kolot si Menyon ku semu basa anu 
lembut senyum pepsodent "Mangga kalebet, kin ku abdi dijelaskeun" kitu ceuk 
kolot si Menyon ka jalma utusan tea. Tuluy kolot si Menyon ngajelaskeun kabar 
yen enya si Menyon arek kawin. Can  kungsi ngarobrol, indungna si Menyo geus 
langsung dibere ku rea pananya. Maranehna silih guyon bari sareuseurian. Kabeh 
ngarasa bungah.
 
Hancaaaaaaaaaaaaa.........

Kirim email ke