Kang Udin, nomeran geura judulna, ngarah rada ginding. Kiga kieu: Dongeng Si Goreng Patut 1 Dongeng Si Goreng Patut 2 Dongeng Si Goreng Patut 3 ...
Atawa: Dongeng Si Goreng Patut Hade Hate 1 Dongeng Si Goreng Patut Hade Hate 2 Dongeng Si Goreng Patut Hade Hate 3 ... Sacara sawangan uing ieu carita jiga "The Beauty and The Beast" meureun nya? Sok teruskeun, sing mindeng! 2011/11/3 Sp Saprudin <[email protected]> > ** > > > Si Menyon sorangan sok ngado'a tiap ba'da shalat fardhu : Nun Gusti abdi, > Anu Welas Asih kalayan sagala kaagungan Anjen, mugi maparinan taubat ka > diri abdi anu saageng-agengna tina sadaya kalepatan, sareng abdi nyuhunken > kardidhoan Anjen tina sadaya ibadah muamallah anu ku abdi dipidamel. Sadaya > Puji kangge Anjen anu ngawasa sakumna alam ieu. Mugi Gusti maparinan rizki > sareng > harta anu henteu ngabeungbeuratan ka kulawarga abdi, tebihkeun tina saaya > bala, iri, dengki sinareng hasudna manusa sareng Dajjal anu baris > nyesatkeunn, sinareng ti hal-hal anu pikasieuneun. Pasihan abdi > katenangan hirup dina haté abdi, katenangan anu saestu-estuna, > nyaétaketenangan > dina kabagjaan emut ka Anjen, sapertos tenangna alam tengah > weungi. Allahumma Ya Alloh, kalayan kagungan Anjen, damelkeun kangge abdi > tina teu aya janten aya, hiji wanoja anu bisa jadi réncang hirup abdi, > abdi ridho sadaya anu ditantoskeun ku Anjen, sanes anu ditangtoskeun ku > abdi. Iwal ka Anjen badi gumantung sareng pitulungl. Robbana atinaa > fiddunya hasanah wa fil akhirati hasanah, waqina adzabannaar. Washolallahu > ‘ala Muhammadin wa’ala alihi wa sohbihi wasallam. > Walhamdulillahirrobbil’alamiin”. > > Beurang ganti peuting jeung peuting ganti siang, henteu aya parobahan anu > ngajadi tina kahirupan eta lembur. Jalma-jalma saperti biasa ngalakukeun > aktivitasna neangan rezeki, anu ka kebon, anu ka sawah, anu ka laut, anu ka > warung, anu kasakola jeung sajabana. Unggal jalma kabawa ku kamaslahatan > dirina sorangan. Lembur eta estu lembur anu jempling jeunng jempe henteu > aya parobahan. > > Tina mangsa hiji poe lir ibarat gelap di tengah poe, kadenge kabar yen si > Menyon arek kawin. Sakabeh jalma lembur ear, teu kolot teu budak, lalaki > atawa awewe jadi riweuh ngomongkeun si Menyon. "Bener kitu? Saha awewena > anu daekeun?" Sampe ka barudak leutik lalumpatan bari gogorowokan "Si > Menyon arek kawin!! Si Menyon arek kawin!! Oray-orayan luar leor mapay > sawah tong ka sawah aya Menyon keur nyengir bae" > > Jalma-jalma anu ngadenge siling tumanya, "Naha enya kitu?". Ibu-ibu anu > keur silih siaran neangan kutu di hareup imah buru-buru lalumpatan, > ngomekeun samping jeung rokna anu mararosot, ngomekeun kerudungna tuluy > muru imah tatangga-tatanggana rek nanyakeun jeung netelakeun kabar berita > si Menyon arek kawin, "Naha enya?". > > Salah sahiji Ajeungan anu geus kolot (aki-aki) anu keur lempang balik ka > imahna sabari batuk, sampe sukuna kasangkut batu, waktu rek ngaliwatan > jamatan solokan hareupeun imah barengan jeung barudak laleutik anu keur > kokoceakan. Ajeungan buru-buru ngangkat leungeunna bari tanggah ka langit > "Alhamdulillah" pokna. Budak parawan ngora atawa parawan kolot sarua tunya > tanya : "Naha enya kitu? Karunya amat nya pipamajikanana, katiban sial". > Rasana mun eta di lembur aya terbitan surat kabar saperti "Pikiran Rakyat" > atawa "Radar Banten" katulis headline gede "Si Menyon arek kawin". > > Sakumpulan ibu-ibu lembur, meureun Dharma Wanita-na lembur eta, geus teu > sabar ngirim utusan dua jalmi ka imah kolotna si Menyon piken netelakeun > kabeneran kabar eta. Kadatangan maranehna dipapag ku kolot si Menyon ku > semu basa anu lembut senyum pepsodent "Mangga kalebet, kin ku abdi > dijelaskeun" kitu ceuk kolot si Menyon ka jalma utusan tea. Tuluy kolot si > Menyon ngajelaskeun kabar yen enya si Menyon arek kawin. Can kungsi > ngarobrol, indungna si Menyo geus langsung dibere ku rea pananya. Maranehna > silih guyon bari sareuseurian. Kabeh ngarasa bungah. > > Hancaaaaaaaaaaaaa......... > > > >
