Rek kumaha nyah nagara anu subur makmur, mardeka jeung berdaulat henteu 
ngabogaan integritas jeung kamampuan nata nagara sorangan. Padahal organisme 
hirup, sakumaha leutikna, kamampuan "Self Organization" dan "Self Protection" 
anu ngabdedakeun jeung makhluq paeh. Kanyataan ieu kuring rada teu kaharti 
jeung pinuh ku tanda tanya kana masalah kamandirian jeung cara atau dasar 
kabijakan pamarentah tina ngapresiasi makna "UNTUK SEBESAR-BESAR KEMAKMURAN 
RAKYAT" sakumaha anu dimanatkeun dina Pasal 33 Ayat 2 UUD 1945.
Mun nyokot konteks cara berfikir hukum aya dua elemen konstitutif anu perlu 
dielaborasasi diantarana status jeung posisi hukum, sarta kualitas hubungan 
hukum antara nagara, pamarentah, rakyat jeung kakayaan alam yaitu Mas Freeport 
di Papua.
Sacara teoritis, ngarunut hirarki parundang-undangan, status, posisi jeung 
hubungan hukum diatur norma anu patuh kana prinsip hukum anu ngamargakeun makna 
"SEBESAR-BESAR KEMAKMURAN RAKYAT". Sacara konstitusional, frase pikeun 
"SEBESAR-BESAR KEMAKMURAN RAKYAT" mangrupakeun tujuan anu luhur dina 
manfaatkeun kakayaan alam di bumi nusantara ieu.

Kirim email ke