Jalma anu nyerahkeun hewan qurban ka Panitia di Mushola Al 'Afiah Jagakarsa
tahun ayeuna naik cukup signifikan. Sapi aya opat jeung mbe aya 12. Dina prakna
mencit, loba jalma anu ilu mantuan pihak Panitia, diantara jalma-jalma anu
mantuan aya salah sahiji non muslim, da warga di lingkungan RT tempat tinggal
kuring rea anu non muslim. Henteu ngajadi soal, tapi aya anu lucu ti pihak
Panitia anu ngarasa kabeuratan ilu biungna eta jalma non Muslim. Ceuk eta jalma
anu kaberatan teh "Ieu acara ritual Ummat Islam, asa kurang afdol mun dina
acara ieu aya kacampuran ku jalma salain Islam". Harita kuring interupsi ka eta
jalma anu ngarasa kaberatan, bari nukil dalilna :
لا يَنْهَاكُمُ اللَّهُ عَنِ الَّذِينَ لَمْ يُقَاتِلُوكُمْ فِي الدِّينِ وَلَمْ
يُخْرِجُوكُمْ مِنْ دِيَارِكُمْ أَنْ تَبَرُّوهُمْ وَتُقْسِطُوا إِلَيْهِمْ إِنَّ
اللَّهَ يُحِبُّ الْمُقْسِطِينَ
"Allah tiada melarang kamu untuk berbuat baik dan berlaku adil terhadap
orang-orang yang tiada memerangimu karena agama dan tidak (pula) mengusir kamu
dari negerimu. Sesungguhnya Allah menyukai orang-orang yang berlaku adil." (Al
Mumtahanah :8)
Ceuk kuring ka eta jalma anu kaberatan "ulah kitu atuh kang, make
ngalarang-larang sagala, sanajan kitu urang merek daging qurban ka jalma non
muslim teu jadi masalah, pan hirup urang di alam dunya teh lain dieusi ku
jalma-jalma Islam, pan aya tatangga urang anu non Islam, atuh dimana praktek
ibadah muamalah (sosial) mun kitu carana. Sabab praktek beragama teh lain
sakadar ritual amal saperti Shalat, Puasa, Zakat, Haji jeung Dzikir unggal
peuting, tapi aya praktek amal sosial, saperti praktek penyembelihan hewan
qurban anu eusina teh nyaeta mangrupakeun praktek amal sosial, coba tempo
pamaparan kuring ngenaan Ritual Amal jeung Sosial Amal di
http://groups.yahoo.com/group/WongBanten/message/23948
Memang aya katerangan anu ngalarang jalma non Islam teu menang dibere hewan
qurban, katerangan eta bisa di tempo di kitab Al-Bajuri II/301, eta keterangan
ceuk kuringmah henteu dijadikan dasar, sabab eta katerangan hasil ijtihad salah
sahiji ulama.
Sugan aya katerangan lain di milis Ki Sunda ngenaan masalah daging qurban teu
meunang dibikeun ka jalma-jalam non islam.