Tah rada ginding ayeuna mah. Da diedit heula memeh posting jigana mah.
Mudah-mudahan we teu geledug ces ngadongengna. Ngarah teu asa aya nu
ngahalangan ngabaladah garapanana. Hehehe

2011/11/24 Abbas Amin <[email protected]>

> **
>
>
>
> JALMA URANG BASISIR LAUT KIDUL
>
>
> NNNEpisode Ka I : Ki Sarlita
>
>
> Ki Sarlita teh hiji sudagar nu lumayan rada jegud, di kampung eta, nya eta
> Kampung Giriresik,
>
> Manehna kakara tujuh taun hirup di eta kampung teh, jadi can pati lila,
> asalna manehna ti kota, ti Batavia, pindahna ka dinya lantaran sagala hasil
> bumi nu dibutuhkeun ku Kumpeni, aya di dinya, tadina teu niat pindah, ngan
> sanggeus sababaraha kali usaha di eta kampung, kulawargana ngarasa
> baretaheun; atuh nya ringkid we parindah; ari di kota mah cukup ku adina
> nya eta ki Warsa; nya nepi ka ayeuna teh, usahana lancar.
>
> Ieu Ki Sarlita teh kaasup jalma rezekian, atawa mujur; usaha naon wae nu
> dicekel ku manehna tangtu ngadatangkeun hasil; nu matak manehna jadi jalma
> jegud.
>
> Nya atuh ayana Ki Sarlita teh dipihormat pisan ku sakampung eta mah; da Ki
> Sarlita teh salian ti jegud, oge berehan , teu koret. Anak bojona oge
> dihargaan pisan ku urang kampung eta teh.  Salian ti bojona nya eta Nyi
> Surti jeung  anakna dua nya eta Sarwa jeung Sari; aya oge pamuda diajak
> cicing di imah ki Sarlita. Ngaranna JALMA.
>
> Mimiti dibawa ka imah eta kira2  lima bulan nu geus kaliwat, kapanggihna
> nya eta waktu Ki Sarlita dipegat begal tiluan barosongot, Pangawal ki
> Sarlita nyoba ngalawanan, tapi duanana oge eta Pangawal teh teu sanggup
> ngalawan, malah taratu; nya kalabur ninggalkeun Ki Sarlita. Ki Sarlita geus
> pasrah, tapi kabeneran aya pamuda   anjog ka tempat eta, terus
> nyampeurkeun jeung nyarek eta tilu rampog ngarogahala; atuh tangtu wae si
> rampog lain nurut kalah sareuri mani ngagakgak; terus nitah nyingkir ka eta
> pamuda bisi kabarerang; eta pamuda teh kalem we teu siga nu sieun, malah
> pinuh kayakinan nitah malundur eta tilu begal. Eta tilu begal teu loba
> omong deui terus tiluanana ngaheumbatkeun bedogna; tapi duka kumaha da teu
> katempo ku ki Sarlita nu keur ngadegdeg , ujug2 bedog2 begal teh ting
> parecleng saterusna tilu begal rarubuh bari ting araduh terus ampun2an.
> Kacida bungahna Ki Sarlita, bari jeung heran ku kabisana ieu pamuda nu
> ngora keneh pisan geus bisa ngelehkeun  begal nu sakitu jarangkung
> gedena, tur bari marawa bedog. Nya tuluyna mah diajak we ,milu balik ka
> imah Ki Sarlita; eta budak ngora teh nurut we, teu loba omong; ari ditanya
> ngaranna Jalma; ari ditanya imahna mah cenah jauh ti dieu, deukeut ka Laut
> Kidul. Nya teu loba tatanya deui terus we Jalma dibawa. Eta Jalma teh
> unggal poe teu daek cicing, naon wae ku manehna dilakukeun; meulah suluh;
> ngabersihan jeung sasapu di buruan mani lalening; teu sugan ngarasa ieu
> aing jago; jeungna deui can ngajaran omongan Ki Sarlita dibantah. Atuh Ki
> Sarlita teh nyaaheun pisan ka ki Jalma teh, da Jalma ngan ukur boga baju 2
> pasang bari parokek; nya dibere 5 stel; ditarima ku Ki Jalma bari kaciri
> narimakeun pisan.Ti harita Jalma cicing di imah ki Sarlita.
>
>
> Hanca
>
>  
>

Kirim email ke