Episode ka - 3 Sarwa

Barang bus
eta jelema ujug2 gantawang we:”Eh Jalma tong molor wae maneh teh! hudang siah
bantuan dewek rek ngalatih kuda.” 

Jalma
tigugurubug hudang, ari nu ngagantawang teh Sarwa lanceukna Sari. Umur Sarwa
teh kira2 saluhureun jalma; manehna nyahoeun yen ieu “bujang” teh dipikanyaah
pisan ku Ki Sarlita bapana; ari aya bapana mah teu wanieun Sarwa tutah titah ka
Jalma; da kungsi dipolototan ku bapana; manehna heran oge ku naon bapana bet
siga nyaah pisan ka Si Jalma; padahal urang kampung bau lisung kitu. Tah ayeuna
siah ku aing bakal diwarah; kitu pikiran ki Sarwa. Sarwa teu apaleun naon
sababna Jalma aya di imahna; da Ki Sarlita tara curuta carita soal Jalma; malah
mah Jalma wanti2 ka Ki Sarlita ulah ngadongengkeun masalah Jalma ngusir begal
tilu. Nya atuh nepi ka ayeuna ge lebeng we teu aya nu apaleun naon sababna Jalma
aya di dinya. 

Jalma
sanggeus hudang, terus nyarita:”Bade aya piKEURsaeun naeun gan !?” 

Rada kaget
oge Sarwa, ngadenge Jalma bisa rada lentong najan masih teugeug keneh oge. 

Terus deui Sarwa
nyarita:”Eh tong lelemesan siah ! jaba salah maneh tadi ngomong teh. Lain
pikeursaeun tapi kudu pikersaeun. Naon lain naeun ! Ti saha maneh diajar
lelentongan hah !?” 

Jalma
:”Sumuhun, ti eta tuang rai, neng Sari.” 

Sarwa :”Naon
!??? Cucungah siah wawanianan ngadeukeutan dunungan ! Kudu diwarah siah !” 

Jalma:”Naha
teu kenging kuring nyaketan Neng Sari ?” 

Sarwa :”Nya
teu meunang atuh. Awas mun katempo ilaing ngadeukeutan Sari, awas siah   

Jalma:”Ti
ayeuna kuring jangji moal wani nyaketan Neng Sari.” 

Sarwa:” Awas
siah. Tah ayeuna tuh bersihan Kuda Kaula. Awas ulah aya kokotor saeutik ge,
Ngarti !?” 

Jalma terus
kaluar; kasampak aya kuda beureum keur hihiem jeung tetejeh. Meureun keseleun.
Eta kuda jangkung teh terus dituntun ku Jalma; kuda beureum hihiem bari ngajret
siga nu teu resep ka Jalma. Jalma kucuwas kecewis sakeudeung, teu nyaho maca 
jangjawokan
naon; tapi eta kuda beureum teh terus we nuturkeun mani lungguh, teu daekeun
ngadat deui. Sarwa nu nyerangkeun ti kajauhan, heran oge padahal si beureum ari
lain ku Sarwa  jeung nu sok meresihan si
beureum mah, tara daekeun ku sasaha ge; jelema2 di sakampung eta mah euweuh nu
wanieun ka si beureun teh, sieun disepak atawa disogot; tapi ari ku si Jalma
mah jiga lindeuk pisan eta si Beureum teh, padahal kahayang si Sarwa mah si
Jalma kudu disepak. Manehna rada mentegeg, tapi nya teu bisa naon2. Akhirna
kuda bersih pisan. 

Sarwa
nyarita na hatena:” Paingan bapa aing mani nyaah pisan ka si Jalma ieu urang
kampung bau lisung teh; pagaweanana nyata teu nguciwakeun.” 

Sarwa terus
ngalungkeun sadel sapuratina bari nyentak:”Sok tah pasangkeun ! Ku Kula rek
dipake ka tegal.” 

Jalma:”Mangga
tapi kumaha carana ? Da kuring mah tara makekeun kuda, kulan.” 

Sarwa:”Ah
dasar urang kampung euweuh kanyaho siah ! Tah yeuh deleh ku sia; carana; engke
maneh kudu bisa sorangan nya ?!” 

Jalma ngan
ukur sumuhun sumuhun we teu komentar naon2 deui. 

Isukna ku
Sarwa dititah deui, bari na hatena pasti ayeuna aing bakal nyarekan laklak
dasar tah ka ieu urang kampung teh. Tapi teu disangka sangka, ngan sakilat
pakean kuda geus siap kalawan euweuh nu kaliwat hiji ge. Sarwa muji na hatena
ka na kabisa Jalma; rada ngahargaan oge ayeuna mah ki Sarwa teh. 

Isukna waktu
Jalma keur sasapu torojol aya tilu pamuda nanyakeun ki Sarwa, meureun 
bababaturanana;
terus nu hiji nyarita ka Jalma :” Eh Jang, aya Sarwa ? bejakeun jung , uing
kadieu kituh.” 

Sanggeus  nyebut mangga, leos wae Jalma kajero
ngadeukeutan kamer tengah, kamarna Sarwa; ieu mah aya pantoan, kabeneraan
dikonci deuih. Jalma rada deg2an, kumaha carana ngageroan si Sarwa, sieun ambek
mun salah; ah tapi pan itu aya babaturanana; terus wae nyorowok :”Den Sarwa !
gugah Den………; can ge tamat Jalma nyarita, ari gaantawang teh Sarwa nyorowok ti
kamar:”Aeh siah ! Cucungah siah wani2 ngahudangkeun Kaula ! awas siah ngaganggu
deui ; ditampiling siah ku aing!”
Hanca

Kirim email ke