postmaster teh, mun di lembur kapala kantor pos. mun dina surat elektronik
nya sabangsa administrator server surat elektronik. dina kasus serelek ti
nisconi, kamungkinan aya member nu serelekna dikontrol ku administrator
nisconi, eta member bisa ngirim serelek ka milis, tapi teu bisa narima
serelek ti milis, lantaran di peungpeukan. biasana mah kawijakan kieu
dilarapkeun di kantor-kantor, ngarah pagawena teu pabuis jeung urusan luar
kantor.

nu jiga kieu teh lumrah. jeung perlu waktu noonganana, keur noong
masalahna. wayahna we heula. mun moderetor aya waktu kakara ditoongan.
filter teh fungsina jiga dokter ngubaran panyakit. najan aya dokter lain
hartina, panyakit moal datang deui. kitu deui filter, kudu sacara kontinu
ditoongan.

2011/11/24 Abbas Amin <[email protected]>

> **
>
>
> aon nya Postmaster teh > cenah di Filter  tapi di chek asup ka Kisunda lan
> US; cik manawi aya nu apal kumah tah
>

Kirim email ke