Disalah sahiji riwayat kacarioskeun aya hiji bujangan (pamuda) anu kacida awon
rupina. Saking awon rupi eta bujangan, teu aya hiji jalmi oge anu wantun netep
rupi anjenna, kitu deui para wanoja nonoman henteu wantun netep kana rupina.
Upami pendak paamprok jonghok di jalan, aranjenna nyaringkah milarian jalan anu
sanes supados henteu paamprok sareng bujangan eta. Sebat we nami bujangan eta
"SI Rodet". Upami aya wanoja anu kaleresan pendak di jalan sareng si Rodet,
upami ditaros "Neng bade angkat kamana?", waleranna teh "Ih, amit-amit jabang
bayi, paralun teuing".
Urang lembur sabuderanana, utamina isteri-isteri anu nuju kakandungan, sok
rajin ngado'a anu khusyu ditiap ba'da shalat fardhu. "Nun Gusti abdi, Anu Maha
Agung tur Maha Kawasa tina ngaraksa Ciptaan-Na. Mugia ieu jabang bayi anu nuju
dikandung ku abdi, mugi sing dijaga sareng diraksa. Aluskeun penteuna saalus
Nabi Yusuf as., sasabar Nabi Ayub as. sawanter Nabi Musa as. sareng tebihkeun
tina sagala kaawonan sareng cacad rupina si Rodet sareng berkat rahmat-Anjeun
sareng kaberkahan sareng ridha ti tuang rama, aki sareng nini jabang bayi anu
dikandung ku abdi ieu, mugi ieu jabang bayi lahir ka dunya dina kaayaan
salamet sareng janten anak anu ngabakti ka tuang ramana. Robbanaa aatinaa
fiddunnyaa hasanah wa fil akhirati hasanah wa qina adzabbannaar, Wassalallahu
ala Muhammadin wa ‘ala alihi washohbihi wassalam, Walhamdulillahirrabbil
‘alamiin". Saentos salse ngado'a tuluy ngusap-ngusap patuanganana.
Punten parawargi, upami simkuring medarkeun ieu carita fiksi nyandak
undak-unduk basa sunda anu KIRANG ALUS, sabab kuring kirang mahir, salajeungna
kuring bade medarkeun kecap sunda anu umum we, anu biasa diangge sadidinten ,
hapunten.
Dina hiji mangsa carita kagorengan rupa Rodet, nyaeta hiji wanoja anu geulis
ngadatangan tukang pangrajin perhiasan mas di salah sahiji toko mas menta
dipangjieunkeun ukiran gambar penteu dina cicinna. Sipengrajin mas nanyakeun
ka wanoja eta "Neng, gambar penteuk sapertos kumaha anu kedah diukirna?"
Kabeneran jalma goreng penteu si Rodet keur aya deket toko eta nyenderkeun
awakna kana tembok toko boga si pengrajin mas. Tuluy wanoja eta ngajawab bari
rada bingung jeung rada keuheul "Mhhh....damelkeun sapertos penuteu jalmi itu!"
tembalna bari nunjuk kasi Rodet. Tuluy manehna ngoloyor ninggalkeun eta tempat
teu ngadagoan naha si pengrajin perhiasan mas bisa ngajieunkeun atawa henteu.
Allah Swt. nyiptakeun mangrupa-rupa makhluq di alam dunya henteu mubajir (tidak
sia-sia) pasti aya hikmahna dibalik eta. Misalkeun buah kadu anu loba cucukan
tur teuas, singhoreng boga aroma anu seungit anu eusina karasa lembut jeung
pulen. Salain eta, kulit kadu anu teuas jeung cucukan oge bisa dipake miceun
bau anu kaleuwihan tina baham mun eta cekongan kulit kadu di eusi cai, tuluy
urang nginum eta cai tina kulit kadu. Kitu deui cai eta bisa dipake pikeun
ngumbah leungeun pikeun miceun bau kadu anu nempel dina leungeun. Sifat
"synthese" tina eusi kadu bisa dielehkeun "antithese" ku nu aya dina kulit
kadu. Eusina anu lembut jeung ngandung gizi jeung protein tur bauna harum anu
kacida nyegek kana kana irung, dihalangan ku kulit anu kuat jeung cucukan.
Jalma anu arek meulah eta kadu kudu ati-ati sangkan leungeun jeung jari ramo
urang ulah sampe kacugak cucukna.
Kitu deui jeung parumpamaan bauh manggis anu boga kulit kandeul jeung hideung,
pait jeung henteu pikareuseupeun, singhoreng boga eusi anu putih bersih, lembut
tur amis rasana. Eusina ngarentet hiji jeung sejena ngentep, goreng jeung alus
eusina eta buang manggis tinggal urang anu milah jeung milih mana anu bakal
didahar jeung mana anu moal didahar.
Kitu deui halna jeung si Rodet. Sadar kana sagala kakurangan dirina, manehna
sok mindeng ngajauhan hal ieu, sapopoena manehna ngeusi ku mangrupa-rupa
kagiatan anu positif nyaeta tatanen di kebon anu boga kolotna, dilakonan ku
tekun, getol jeung rajin. Kitu deui manehna tulus jeung teu pamrih tina
ngabantu kolotna. Dina ngalakonan tatanen, manehna melak mangrupa-rupa
pepelakan : sayuran, jagong, suuk, sampeu, mantang, kacang panjang, cabe,
tomat, bawang beureum, jeung sajabana. Bakat ku tekun jeung getol, dina waktu
paneh hasilna ngaleuyah, numpuk diunggal juru imah. Tina hasil tatanen manehna,
tuluy dijual ka pasar. Unggal ba'da shalat fardhu, manehna sok manjatkeun do'a
rasa syukur ka Allah Swt. Taun ka taun karasa kahirupan tatanenna aya kamajuan,
gemah ripah, bro di juru bro di tengah imah, salain hasil tatanen disimpen
(ditabung). Tina kaleuwihan duit pikeun jajan manehna sok mindeng mere ka batur
bari henteu saurang jalma oge nganyahokeun. Manehna
neangan babaraha kotak korek api urut, tuluy eta kotak korek api urut dieusian
duit Rp. 50.000, tuluy eta korek api anu geus dieusian duit lung dialungkeun ka
unggal hareupeun imah jalma anu kurang mampu diantara : randa anu teu mampu anu
butuh pitulung, anak yatim jeung sajabana. Anu boga imah henteu nyahoeun timana
datangna duit di jero korek api urut. Jalma eta ngan saukur ngecapkeun puji
syukur Alhamdulillah ku hadiah-hadiah anu henteu nyaho asalna timana. Kitu deui
jeung kayaan lembur anu jempling henteu hayang nyaho naon baris anu dilakonan
ku si Rodet.
Tina jero hate si Menyo yakin yen naon anu geus dilakukeun ku manehna
mangrupakeun amal anu leuwih hade batan ibadah-ibadah anu bisa ditempo ku
batur. "Jalma anu gawe banting tulang pikeun mere ka kaum duafa, fakir miskin,
anak-anak yatim lir ibarat pajuang di jalan Allah jeung lir ibarat jalma anu
rajiin shalat tengah peuting jeung puasa" (HR. Bukhari & Muslim).
"Saha jalam hudang waktu isuk jeung niat rek nulung jalma anu kaaniaya jeung
nyukupan kaperluan jalma Islam, pikeun manehna ganjaran anu pang manfaatna
jeung amal anu pang manfaatna pikeun jalma jeung amal anu pang utamana tina
kasulitan atawa mayarkeun hutang-hutangna" (HR. Ibnu Hajar Al-Asqalani).
Si Rodet percaya jeung yakin yen amal ibadah jeung muamalahna bakal ditarima ku
Allah Swt.
Sakumaha jalma lalaki anu nganjak dewasa (beger), wajar mun si Rodet boga
kahayang nyaeta hayang ngalamar awewe pikeun pipamajikaneun. Tapi anu mana
awewena? Kolotna geus babaraha kali ngalamar kaditu kadieu henteu aya hasilna.
Unggal kolot awewe kasieunan samemeh lamaran dikecapkeun. Sanajan kitu kolotna
yakin, utamana Indungna, yen hiji mangsa Allah Swt. bakal mere jodoh pikeun si
Rodet. Teu nyaho iraha!
Si Rodet mindeng ngado'a tiap ba'da shalat fardhu : Nun Gusti abdi, Anu Welas
Asih kalayan sagala kaagungan Anjen, mugi maparinan taubat ka diri abdi anu
saageng-agengna tina sadaya kalepatan, sareng abdi nyuhunken kardidhoan Anjen
tina sadaya ibadah muamallah anu ku abdi dipidamel. Sadaya Puji kangge Anjen
anu ngawasa sakumna alam ieu. Mugi Gusti maparinan rizki sareng harta anu
henteu ngabeungbeuratan ka kulawarga abdi, tebihkeun tina sadaya bala, iri,
dengki kaniaya sinareng hasudna manusa sareng Dajjal anu baris nyesatkeunn,
sinareng tina hal-hal anu dipikaseiun. Pasihan abdi katenangan hirup dina haté
abdi, katenangan anu satengan-tenangna, nyaéta ketenangan dina kabagjaan emut
ka Anjen, sapertos tenangna alam tengah weungi. Allahumma Ya Alloh, kaAgungan
gaduh Anjeun, pasihan kangge diri abdi tina teu aya janten aya, hiji wanoja anu
tiasa janten réncang hirup abdi, abdi ridho kana sadaya anu tos ditangtoskeun
ku Anjen, sanes anu ditangtoskeun ku
diri abdi. Iwal ka Anjen abdi gumantung sareng neda pitulung. Robbana atinaa
fiddunya hasanah wa fil akhirati hasanah, waqina adzabannaar. Washolallahu ‘ala
Muhammadin wa’ala alihi wa sohbihi wasallam. Walhamdulillahirrobbil’alamiin".
Beurang ganti peuting jeung peuting ganti beurang, henteu aya parobahan dina
kahirupan eta lembur. Jalma-jalma saperti biasa ngalakukeun aktivitasna neangan
rezeki, anu ka kebon, anu ka sawah, anu ka laut, anu ka warung, anu kasakola
jeung sajabana. Unggal jalma kabawa ku kamaslahatan dirina sorangan. Lembur eta
estu lembur anu jempling jeunng jempe henteu aya parobahan.
Hiji mangsa, lir ibarat bentar gelap tengah poe ereng-erengan, kadenge kabar
barita yen si Rodet arek kawin. Sakabeh jalma lembur ear, teu kolot teu budak,
teu lalaki teu bikang jadi paciweuh ngomongkeun si Rodet. "Bener kitu? Saha
bikangna anu daekeun?" Sampe ka barudak leutik lalumpatan bari kokoceakan "Si
Rodet arek kawin!! Si Rodet arek kawin!! Oray-orayan luar leor mapay sawah tong
ka sawah aya Rodet keur nyengir bae, Oray-orayan luar-leor pamay sawah, tong ka
Bandung, kiwari heurin ku tangtung. Oray-orayan, ulah ngewa ka basa Banten,
sabab basa Banten henteu kabeh kecap kasar. Cing cang keling manuk cingkleng
cindeten, blos ka kolong Bapa Satar Buleneng. Cing cangkeling manuk cingkleng
cindeten, tong ka Bandung di Banten oge loba peuyeum, Ciluk Baaa!!"
Jalma-jalma anu ngadenge siling tanya, "Naha enya kitu?". Ibu-ibu anu keur
silih siaran neangan kutu di hareupeun imah, brit brat lalumpatan, ngomekeun
samping jeung rokna anu mararosot, ngomekeun kerudungna tuluy muru imah
tatangga-tatanggana rek nanyakeun jeung netelakeun kabar berita si Rodet arek
kawin, "Naha enya?".
Salah sahiji Ajeungan anu geus kolot (aki-aki) anu tos ti Masigit keur lempang
balik ka imahna bari batuk uhuk-uhuk, sampe sukuna kasangkut batu leutik, basa
manehna rek ngaliwatan jamatan solokan hareupeun imah barengan jeung barudak
laleutik anu keur barirat lulumpatan arulin. Ajeungan buru-buru ngangkat
leungeunna bari tanggah ka langit "Alhamdulillah" pokna. Budak parawan ngora
atawa parawan kolot sarua tunya tanya : "Naha enya kitu? Karunya amat nya
pipamajikanana, katiban sial". Rasana mun eta lembur aya terbitan surat kabar
saperti "Pikiran Rakyat" atawa "Banten Post" katulis headline gede "Si Rodet
arek kawin".
Sakumpulan ibu-ibu lembur, meureun Dharma Wanita-na lembur eta, geus teu sabar
ngirim utusan dua jalmi ka imah kolotna si Rodet piken netelakeun kabar eta.
Kadatangan maranehna dipapag ku kolot si Rodet ku semu basa anu lembut senyum
pepsodent "Mangga kalebet, kin ku abdi dicarioskeun" kitu ceuk kolot si Rodet
ka ibu-ibu utusan tea. Tuluy kolot si Rodet ngajelaskeun kabar yen enya si
Rodet arek kawin. Can kungsi ngarobrol, indungna si Menyo geus langsung dibere
ku rea pananya. Anu akhirna maranehna silih guyon bari sareuseurian. Sakabeh
ibu-ibu anu aya di imah si Rodet ngarasa bungah. "Haturan ibu-ibu" ceuk
indungna si Rodet muka carita. "Dina hiji dinten, duka dinten naon, hilap deui
si Rodet kadongkapan salah saurang wanoja anu janten pangemis, anggeanna awon
sareng acak-acakan, nanging rupana geulis. Ningali kadongkapan wanoja eta, si
Rodet enggal-enggal lebet ka rorompok, maksadna nyandak salembar artos lima
puluh rebuan, tuluy masihkeun ka wanoja
eta. Wanoja anu janten pangemis nampi artos ti si Rodet salajeungna
ngahaturkeun. Si Rodet anu teu acan pernah diajak imut ku jalma sanes, salain
ti sepuhna, ngaraos imutna wanoja eta ibarat anugrah nikmat Illahi anu
kalintang ageungna kangge manehna, lir ibarat kacaangan bulan tanggal opat
welas. Raraosan hoyongg ngabukrak cengclengan kotak kayu sareng masihkeun
sadayana ka wanoja pangemis, kumargi rasa syukurna diajak imut ku salah sahiji
wanoja anu geulis " "Antosan sakedap" saur si Menyo ka wanoja harita bade mulih
ninggalkeun si Rodet. "Punten neng, sakedap akang bade naros?" saur si Rodet
awakna ngageper pinuh harepan. "Saha namina neng? Sareng....sareng....sami
sareng....hmmmm.....neng tos tuang?. Wanoja pangemis imut ngagelenyu tuluy
ngawaler "Punten kang, saleresna abdi ti enjing teu acan tuang nanaon".
Ngadangu waleran wanoja eta, si Rodet gura giru muka panto pageur, tuluy ngajak
wanoja eta lebet ka rorompokna. Si Rodet lumpat ka lebet
rorompok tuluy nyandak sapiring sangu sareng laukna. Tina obrolan singket
waktu harita, si Rodet akhirna terang yen wanoja anu janten pangemis teh nyaeta
yatim piatu anu linggihna ngiring sareng salah sahiji sobat sepuhna di lembur
palih kaler. Kitu para wargi carita singket ieu, anu akhirna si Rodet mutuskeun
moal nunda-nunda kangge ngalamar ka kampung palih kaler. "Ibu-ibu" ceuk
indungna si Rodet ngalanjutkeun "Saleresna si Rodet tos nikah, tingal ngantosan
waktos anu hade kangge ngareuah-reuahkeunna, ayeuna isterina si Rodet aya di
dieu" Kaluar kecap "Alhamdulillah" ti ibu-ibu nu aya di imah si Rodet. "Antosan
sakedap, abdi bade nepangkeun isterina si Rodet" ceuk indungna si Rodet ka
ibu-ibu, tuluy asup ke jero kamar, teu kungsi lila kaluar indungna si Rodet
bari nuntun wanoja anu make kabaya panjang, rambutna make sanggul katempona
rapih pisan aya pernak pernikna, jeung paras penteuna geulis luar biasa, model
Syahrini sesuatu banget mah liwat.
Sakabeh ibu-ibu anu aya mata simeuteun nempo kageulisan pamajikan si Rodet.
Ngurilingan meja makan anu aya di tengah imah bari leungeunna puhpar pahpar
ngaraba-raba neangan arah jalan muru ka tengah ibu-ibu anu keur dariuk tuluy
indungna si Rodet nyekelan leungeunna lalaunan tuluy ngasongkeun ka ibu-ibu
tamu supaya bisa sasalaman. Salah sahiji ibu ngasongkeun leungeun nyambut salam
sang minantu bari pokna : "Alhamdulillah, niat sareng do'a si Rodet dikabulkeun
Allah. Saha jeunenganna?" Anu ditanya ngajawab laun "Ummi Maesyaroh?"
Ummi = buta (lolong), jadi Ummi Maesyaroh budak bikang anu lolong. Wallahu
syariuqoribummujiib = Allah Bakal Gancang ngajawab do'a hambana. Subhanallah.
Maha Agung Allah tina sagala kamurahan-Na. Penteu anu dipikasieun ku jalma rea
mun nempo si Rodet, nyatana henteu jadi panghalang pikeun pamajikan anu lolong
panonna. Oge si Rodet ngarasa kasika saumpana tina hirupna saimah jeung hiji
bikang anu bisa nempo tapi teu wani neteup rupana.*)
*) I. Saprudin