Episode 5 :Ki Nurustunjung1 

Manehna masih inget, jeung sigana moal bisa poho nepi ka
iraha oge; kajadian peuting eta dimana manehna loba nyaho lalakon manehna
sorangan jeung lalakon nu ngukut manehna sakaligus guruna. 

Peuting eta manehna keur siduru bari meuleum lauk jeung
jagong; da eta basisir nu lungkawing jauh ka ditu ka dieu teh lega oge bisa
melak palawija; ari lauk asal daek  ngala
lauk we loba pisan, jiga teu beak2 di Laut ; da eta tempat teh arang pisan
kasaba ku manusia; lantaran tempat nu dicicingan ku manehna teh nya lungkawing
nya ampir euweuh pamuntangan; tapi mun bisa naek kadinya nyata lega oge; keur
hirup duaan wae mah bisa lubak libuk asal daek ngusahakeunana. 

Tah waktu manehna keur jongjon sideang, belewer we siga aya
sora nu maledog; ku ceuli biasa mah moal kadenge ; tapi ku sabab manehna geus
dilatih jeung digembleng welasan taun, bisa ngabedakeun antara sora angin biasa
jeung sora senjata nu rek culika. Naluri Jalma geus peka pisan ngan sajorelat
eta alat nu dipake maledog teh katewak; teu pira bonggol jagong, nu limit
euweuh sesaan. 

Manehna kaget laantaran ieu nu maledog lain heuheureuyan, da
karasa tanagana nya gede nya seukeut nepi ka leungeunna karasa pegel; lamun
keuna tea mah tangtu kana nyerina, boa2 cilaka. Keur kitu teh belewer2 aya dua
bonggol jagong deu nuju ka manehna, ayeuna mah manehna awas jeung waspada
pisan, lantaran pangalaman tadi; bari nakis jeung nyingcet manehna nyentak:”Eh
durujana ! Tong nyamuni siah ! sok tembongkeun cecengos sia ! Kurang ajar pisan
nyerang ti tempat nu poek !” 

Lain kaluar tapi malah belewer deui ayeuna mah sigana
barangna rada beurat da karasa can naon2 anginna matak nyeri ka na kulit; wah
lain sambarangan manusa ieu nu nyerang teh; bari nyingcet mani kesit manehna
ngawas2 asalna eta nu maledog; tapi weleh teu kaciri ti mana datangna eta
serangan; tanda yen nu jahat ka manehna luhur elmuna. 

Sieeeeet ! ayeuna mah sorana siga senjata ti na beusi. Beu
cilaka yeuh; untung manehna bisa nyingcet ! Tapi karek ge sakali nyingcet geus
sieeet deui hiji serangan; atuh Jalma Kacida ripuhna; bisa katewak, tapi dampal
leungeunna baloboran ku getih; lantaran eta senjata teh euweuh gagangan;
seukeut kabeh leutik tapi mun ku nu ahli kacida bahayana. Barang keur kadeseh
bari reuwas belesat teh ayeuna mah sigana panah; manehna jungkel  jumpalik 
nakis jeung nyingcet; tapi keukeuh
kakeunaan, hariguna nu katuhu; atuh harita keneh manehna ngajungkel, mani
tigugulitik; barang hudang guruna geus aya hareupeun bari imut. 

Kirim email ke