Kacaritakeun hiji budak pamuda anu boga tingkah laku rada beda jeung pamuda sejenna. Beda kusabab boga sikap pang aingna, adigung gede hulu, ka sasama henteu boga sopan santun, ngomongna kasar jeung cohag, teu kaop kasigeung ku batur langsung maen teunggel jeung babuk. Ceunah ceuk beja manehna teh turunan menak - teureuh darah biru (getih biru), sebut we ngaranna Johan Sami Mawon. Si Johan boga musuh bubuyutan anu ngarana Otoy, mun pareng maranehna panggih di jalan sok siling poyok. Si Johan harita keur markir mobil kijangna sisi jalan di hareupeun warung kopi Pak Janggot, manehna keur nyihaneut, teu kungsi lila si Otoy ngaliwat. Nempo si Otoy ngaliwat pok we si Johan nyorowok "Hei!!! Budak kismin rek kamana siah!! Gaya make kacamata hideung jiga topeng monyet, asa teu pantes, goreng mah goreng we, moal aya kapantes make naon oge". Ari si Otoy dipoyok kitu geus teu jadi masalah, sabab manehn sok mindeng di poyok ku si Johan, bari nembal : "Alah siah ngaran we Johan, eta tempo beungeut maneh loba jarawat, mun hayang bersih eta beunget maneh diparud we. Mun teu kitu ulasan make tai kebo!!!". Ditembal kitu ku si Otoy, eta si John nantung melak cangkeng bari pokna : "Hey Otoy budak kismin, kieu-kieu oge aing mah turunan darah biru, tempo ku siah, aing mah kamana-mana numpak mobil, teu cara maneh ngatruk weeeeeeeeeee kamana-mana, karunya pisan. Heh budak kismin tempo yeuh aing turunan darah biru, tempo tuh mobil aing kasepan mobil aing jeung sia mah ha..ha..ha..ha..ha..ha..!" Ngadenge kecap turunan darah biru eta panon Otoy molotot netep ka si Johan bari pokna : "Hey kadal buduk, aing kara ngedenge aya jelema darah biru, ti zaman Nabi Adam sampe ka kiwari anu ngarana manusia getihna tetep beureum, aing teu percaya getih maneh biru, mana coba aing hayang bukti" bari muru si Johan, jeung leungeuna ngaluarkeus bedog anu diselipkeun dina cangkengna, teu antaparah deui manehna nyabetkeun eta bedog kana leungeun si Johan, atuh eta leungeun si Johan ngaluarkeun getih acret-acretan. Tuluy si Otoy nyorowok : "Tong ngawadul siah kadal buduk, eta buktina getih maneh beureum, mana bukti maneh darah biru!!!!!". Menang sabetan bedog ti Otoy, atuh si Johan ajret-ajretan nahan kanyeri bari miringis tutulungan menta tulung ka batur "Tulung....tuluuuung.......aya jelema gelo......tuluuuung aya jelema geloooo!!! tuluy ngabrit lumpat nyingkah ninggalkeun si Otoy.
