Jalma pinter istilah anu geus kakoncara nyaeta Paranormal anu ngandung harti 
nyaeta jalma anu boga kamampuan elmu metafisika, bisa nempo hal-hal gaib.
Tapi beda jeung budak leutik umur tahun 10 tahun anu dimaksud Jalma Pinter teh 
nyaeta pinter sagala-galana. Ieu budak leutik kara diuk di bangku SD kelas 4 
boga PR matematika. Kusabab manehna mindeng ngadenge istilah Jalma Pinter, hiji 
mangsa nanya ka indungna. "Mah ari jalma pinter di kampung urang saha namina?" 
ceuk eta budak nanya ka indungna. Indungna ngajawab asal "Tuh Bah Karim, 
manehna Jalma Pinter bisa ngobatan batur". Terus budak teh teu nanya deui ka 
indugna, kusabab budak tos nyahoeun ka ngaran Bah Karim. Geus kitu budak teh 
pamit ka indungna bari pokna "Mah dede bade ka rorompok Bah Karim bade 
nyuhuhkeun tulung" terus brebet lumpat kaluar imah bari ngagembol tas sakola.
Indungna teu kungsi nyegah eta budak ngan olohok campur bingung ngadenge anakna 
rek ka imah bah Karim, ceuk pikiran indungna "ka imah bah Karim menta tulung? 
Menta tulung naon eta budak teh, aya-aya wae......
Kacaritakeun eta budak teh tos aya di hareupeun imah bah Karim, terus uluk 
salam "Assalamualaikum, bah...bah....bah......." ceuk eta budak. Terus di jero 
imah aya anu nembalan sora aki-aki nyaeta bah Karim tea "waalaikumsalam....". 
Terus panto imah muka, dina panto katempo aki-aki bari batuk kaluar pokna "eh 
geuning jang Deden, aya peryogi naon dongkap ka rorompok abah?" Budak eta 
nembal bari ngasongkeun buku pelajaran Matematika "Ieu bah abdi aya PR 
matematika rada hese, cing tulungan abdi bah pangmasihankeun terang ieu soal 
matematika, da saur mamah Abah teh jalmi pinter". Eta Bah Karim meni kerung 
beungeutna diasongkeun buku pelajaran matematika, dina hatena ngagerentes 
"Bocah edan, boroning nyaho pelajaran matematika, sakola ge can pernah". Atuh 
Bah Karim bingung tujuk kuriling kadatangan pasen beda jeung pasen-pasen lain 
anu datang ka manehna.Song budak teh muka buku matematikana "Ieu bah 
soalna.....................
Ieu tabel frekuensi :
Nilai             !3!4!5!6!7!8!9!10
Frekuensi     !0!11!6!9!5!6!3!0
Banyaknya siswa yang mendapat nilai kurang dari nilai rata-rata 
adalah..........cing Bah sabaraha" bari nunjukkeun jarina kana buku pelajaran 
matematika.
Karunya ka Bah Karim, diasongkeun soal matematika jadi panas tirih terus kiih 
dina kolorna, atuh hangser kaambe ku budak eta, ceuk budak "Naha Abah pipis, 
eta penteu abah meni beureum kitu, abah nuju udur?" Ditembal ku Bah Karim 
"Muhun jang, abah nuju udur". Budak eta nutupkeun buku pelajaran matematikana, 
tuluy meresan bukuna ngasupkeun kajero tasna, tos kitu "Atuh hapunten Bah abdi 
tos ngawagel Abah anu nuju udur, abdi bade uih we, upami abah tos damang abdi 
bade kadieu deui, mangga Bah" laur eta budak ninggalkeun Bah Karim anu keur 
bingung jeung keuheul mentegeg ka eta budak. Dina jero hatena "Jor siah bocah 
gelo geura indit" tuluy manehna asup ka jero imah bari nutup panto rada 
dibantingkeun "BRUG".

Kirim email ke