Selang-selang ngabandungan haleuangna Ayu Tingting. Taya salahna mun urang nyoba diversifikasi dedengean. Naon nya basa Sundana nu pas keur istilah diversifikasi? Mun make istilah "pancaragam" meujeuhna teu nya?
Mun noong conto, diversifikasi teh sok kapanggih dina urusan dahareun. Jiga kieu, mun urang biasa tuang kejo, selang selang ku kulub jagong, bubuy hui, jeung sajabana. Tah keur mancaragamkeun dedengean, selang-selang tina moncongok ngadengekeun Ayu Tingting, jiga Kang Jalak, taya salahna mun urang nyoba nitenan nu ngaji geura. Noongan di situs http://english.islamway.com/ geuning ngaji teh loba ragam laguna. Cenah aya kana sapuluhna leuwih gaya maca Qur'an teh. Geura ieu: Hafs jeung Shoba ti 'Aasem, Warsh jeung Qaaloon ti Naafi', Al-Bazzi jeung Qunbul ti Ibn Katheer, Al Douri jeung As-Soosi ti Abu 'Amr, Khalaf ti Hamzah, jeung nu lianna. Keun perkara riwayat jeung kamaheran ngajina mah bagean tukangna. Keur nu awam jiga uing mah, urang bisa tamasya dedengean, ku cara ngareungeukeun haleuangna. Geura pek toong tah lebah dieu: http://english.islamway.com/sindex.php?section=erecitorslist Sedot rekaman MP3-na, dengekeun keur malem Jumaahan. Hehehe -mh- sugan bisa
