Æ
Powered by Telkomsel BlackBerry®

-----Original Message-----
From: Abbas Amin <[email protected]>
Sender: [email protected]
Date: Sun, 4 Dec 2011 12:07:34 
To: kisunda<[email protected]>; urangsunda<[email protected]>; 
<[email protected]>
Reply-To: [email protected]
Subject: [kisunda] Carbung _ Sukat Sunda ka VII

Episode ka-6  KI
NURUSTUNJUNG KA II 

  

Ki Nurustunjung neruskeun caritana, ayeuna mah soal manggihan manehna; cenah
mah manehna ti umur 4 taun kapanggih keur ceurik sisi leuweung nu deukeut ka
kampung Leuwi Seeng; tapi ti eta sisi leuweung nepi ka Kampung teh aya ka na
welasan kilona; nya ku Ki Nurustunjung eta budak dibawa, dirawat nepi ka
nganggap Ki Nurustunjung bapana sorangan. 

Ku sabab teu nyaho saha ngaran budak, jeung anak saha, nya ku
Ki Nurustunjung dingaranan; nu geus kaliwat dingaranan si Pungut jeung si
Pulung; ari ieu saha nya ? Aya tilu poe tilu peuting mah meureun Ki
Nurustunjung mikirkeun ngaran budak panggihna teh; piraku cenah ari dingaranan
si Pulung deui mah ? Kapanggihna di sisi leuweung; tapi lain monyet; jelema ieu
budak teh. Ah rek diaranan si Jalma we, ngabedakeun yen eta budak masing
kapanggih sisi leuweung oge, LAIN MONYET ! Nya ti harita eta budak dingaranan
si Jalma. 

Ki Nurustunjung nyaaheun pisan ka Si Jalma teh, lantaran
Kacida calakanana naon wae nu diajarkeun, ngan sakeudeung geus bisa dilakukeun
ku Jalma. Elmu naon we; lain wungkul elmu kanuragan. Jeung mun aya jampe;
sakali we disebut; terus ngan sakeudeung geus apal. Jeung Jalma tara loba
ngabantah, naon wae nu diparentah ku Ki Nurustunjung; terus we dipigawe engke
mun satengah gawe aya kasulitan, kakara Jalma bebeja ka Ki Nurustunjung; atuh
kakara ge 10 taun diajar sagala ku Ki Nurustunjung; kamajuanana Kacida lajuna.
Ki Nurustunjung bungah pisan, na hatena yakin yen “MURID” nu dipikahayang ku
manehna, nyampak aya di Jalma; atuh beuki soson2 ngajarna ieu Ki Nurustunjung.
Sagala ujian geus dicoba ka Jalma; tapi unggal2 lulus wae; malahan na hiji
mangsa mah Ki Nurustunjung kapeupeuh igana; mani tibubuncelik Ki Nurustunjung ,
ku kaget2na; jeung ngarasa nyeri. Ti na kaget manehna gumbira terus nyakakak
mani lila pisan; geus kitu terus diuk; ngagupayan ka Jalma. 

Ki Nurustunjung paromanna Kacida bearna, teu weleh seuri
terus we ngusapan sirah Jalma; pok ngomong:”Hehehe, maneh geus tamat Jalma !
Maneh geus ampir nyaruaan kami. Ku sabab kitu maneh bisa indit ti ieu KARANG
Lungkawing; jung neangan pangalaman jeung kahirupan anyar. Tah di ditu, di
kumpulan manusa sejenna maneh bakal leuwih loba diajar; jeung nya di dinya
palajaran maneh nu sabenerna mah; ari di dieu mah, ngan ukur dadasar wungkul.
Maneh kudu diajar tata krama manusa nu Umum; ulah cara Kula nu loba cawadeunana
! Poma maneh tong gampang2 ngaluarkeun kabisa maneh, ari teu perlu mah. Mun
bisa rusiahkeun pisan ulah aya nu nyahoeun yen urang bisa gelut. Engke di 
Lingkungan
manusa nu umum, maneh bakal panggih jeung Jago2 Kanuragan, saperti CIBARUSAH,
CIKALONG, CIMANDE; PLEREDAN jrrd. Jeung awas aya oge KUNTAUW Cina. Ari Elmu
Kula mah diolah ku Kula sanggeus sababarha poe semedi menekung, mesuh raga; ti
na elmu2 nu aya ku Kula diringkeskeun, terus dicampurkeun jeung diolah; nepi ka
jadi saperti ayeuna ! Tah eta teh waktu Kula umur 40 taunan ! Ku sabab teu
nyaho hasilna; ari hayang nyaho kudu dibuktikeun; nya atuh Kula teh nguriling;
lain wungkul di Pasundan dalah ka Tatar wetan jeung ka Sabrang ge; geus
dilakonan ku Kula. Hasilna loba GURU2 Silat nu paragat ku Kaula; Kula
bungangang yen hasil hese cape teh kapetik. Tapi ti harita jadi loba musuh,
utamaana ti Tatar wetan; da ari Tatar Sunda mah oah2na sarieuneun; tong boro
pasinghareup singhareup; kakara ngadenge ngaran Kula disebut oge geus barirat
sarieuneun ! Naon hasil akhirna ? Pada ngajarauhan ! Pada ngamusuhan. Heeeeh;
ahirna jadi jalma teu normal, nyorangan euweuh batur hiji2 acan ! 

Ki Nurustunjung eureun heula nyaritana; meureun sedih atawa
kasedih sejenna. 

Ki Nurustunjung neruskeun amanatna :”Tah nu matak maneh mah
Jalma; ku Kula geus diturunkeun kabeh elmu; tah maneh ulah nurutan Kaula; gagal
sabage manusa; gagal sabage Jelema normal ! Naon sababna maneh dingaranan Jalma
? Lantaran Kula hayang maneh mah ngalakukeun kalakuan nu parok jeung batur. 

Ulah hayang ngajago atawa pang jagona ! Da euweuh gunana; tah
buktina Kaula   

Ayeuna; sosoranganan teu boga batur keur ngawangkong2 acan.
Enggeus eta ge baheula Kula kawin, bari rada kapaksa; aya sataun, terus we Kula
kabur; nya nepi ka tempat ieu; ieu teh salah sahiji alesan pikeun ngajauhan si
manehna. Ayeuna duka di mana tah si manehna teh ? sigana mah boro2 hayang
neangan Kula tah si kasebelan teh; sigana mah terus we neangan “Lalaki” sejen. 

Jalma motong :” ah mo enya bapa. Boa geus neangan tapi teu
kapanggih kapan tem patna ge sakieu nyingkurna ?! 

“Enya, cek Ki Nurustunjung ngaenyakeun. Tapi manehna teh
mumpuni oge, lain sambarang awewe; manehna urang Jawa tapi bisa ngomong Sunda;
malah Sunda Priangan bisaan pisan. Eta Nini2 teh teu nyaho geus kojor teu nyaho
aya keneh; da buktina teu nyusul ka Kula. Meureun mun panggih tea mah pangling
da sarua geus kolot pisan.” 

Jalma megat kalimah deui:”Cing pa sebutkeun saha ngaran eta
nini2 teh engke mun panggih bakal dibejakeun ka Bapa.” 

Ki Nurustunjung:”Hahahaha ! ah eta nini2 teh teu penting2
teuing keun we lah; ngan aya hiji hal nu ku maneh kudu diusahakeun nya eta
neangan nu Maha sagalana !” 

Jalma rada kerung teu ngarti:”Naon nu disebut Maha sagalana
teh ?” 

Ki Nurustunjung :”Kaula geus mikirkeun yen di ieu alam aya
Hiji nu Nyekel Kakawasaan; nu moal aya nu bisa mapakan; jeung Kula percaya
urang sakabehna teh aya dina keupeulan eta Nu Maha Tea. Tah teangan ku maneh;
mun geus panggih bejakeun ka Kula. Eta mah penting pisan. Ngarti !?” 

Jalma:”Heueuh ngarti, tapi sok we sebutkeun ngaran pamajikan
bapa teh, ngarah sakalian, nu mana we nu panggih ti heula.” 

Ki Nurustunjung:”Nyi Padmini; mun panggih aya tandana, nya
eta tanda hideung di na ceulina nu katuhu; tah mun papanggih jeung nini2 kitu
bari ngaranna Padmini; moal salah tangtu si ETA !” 

Jalma:” keun rek diingetkeun pisan.” 

Ki Nurustunjung:”Di na enggoning neangan nu Maha tea; tong
dicampur adukkeun antara agama jeung neangan nu Maha; da ari Agama mah Kula teh
kaasup geus Islam; da maca Syahadat; kitu deui maneh kapan. Baheula dititah
maca dua kalimah syahadat jeung disunatan. Eta hartina Islam; tapi cenah kudu
shalat jeung jakat; Kula teu ngarti ! Nepi ka ayeuna can ngajaran ngalaksanakeun
boh shalat boh jakat; komo puasa mah. Tah pek we Elmu eta ge siar ku maneh; da
Kula mah soal kitu mah TUNA pisan !” 

“Kade Jalma,” Ki Nurustunjung neruskeun omonganana, ulah
wani2 maneh ngalawan ka Kumpeni; sabab maranehna boga senjata nu hebat pisan;
hamo bisa dilawan ku urang; jadi sabisa bisa maneh kudu ngajauhan ti Kumpeni
jeung seke selerna; mun henteu bahaya pisan; geus sababaraha jagoan nu wawanian
ngalawan; akhirna mah teu mangga pulia; jadi sing sabar nyanghareupan bangsa
Kumpeni mah; kajeun ngelehan; maranehna memang rata2 adigung adiguna; tapi
aturanana disiplin pisan; nu matak rata2 meunang wae perangna.  

“ Jalma  enggeus sarena
?” Jalma buyar lamunanana, sabab nu manggil teh nyata Ki Sarlita; terus we
Jalma beberengkes ; sanggeus beres kakara kaluar bari ngajingjing buntelan.

Kirim email ke