“Hayu urang dahar ayeuna mah Jalma. Ari eta buntelan rek
dibawa kamana ?”

Jalma :”Punten wae, kuring teh rek neruskeun perjalanan nu
katunda.”

Ki Sarlita :” Ke ke ke, naha geus teu betah cicing di dieu;
atawa keuheul meureun ka barudak nya ? Tong digugu barudak teu ngarti kitu
mah.”

Jalma:”Kuring betah cicing di dieu ngan kuring boga pancen ti
guru; nya kuring  ayeuna rek neruskeun
perjalanan, waktu ieu keneh; keun we iraha2 deui kuring meureun ka dieu mun
masih ditarima keneh mah di dieu.”

Ki Sarlita:” soal eta mah caang bulan opat welas; iraha2 wae
Anjeun ka dieu bakal ditarima kalawan kabungahan.”

Jalma:”Nuhun atuh ari kitu mah; kuring pamit; salam baktosna
ka geureuha; salam ka Kang Sarwa sareng Neng Sari.”

Teu nunggu digeroan deui eta barudak jeung bojona Ki Sarlita;
leos wae Jalma indit ti dinya; mani ngan sakolepat pisan geus teu kaciri deui.
Ki Sarlita ngan bati olohok we hareugeueun ti na teu nyangka bakal pipisahan
ayeuna2 jeung Jalma anu sakitu loba gunana; jeungna deui Ki Sarlita ku
hareugeueunana nepi ka poho mere bekel2 acan tah ka Jalma teh; rek disusul da 
moal
bisa sabab Jalma pasti na ge make elmu leumpang gancang tea; mo kasusul deui. 

 

 

Episode ka-7 URANG WANAYASA

 

Jalma ayeuna geus anjog ka kampung Wanayasa; manehna ayeuna
rek ka Kota ( Batavia ); sajeroning leumpang ayeunaa mah kalem we teu make elmu
leumpang gancang; nu matak manehna ayeuna henteu langsung ka Batavia, lantaran
Wanayasa teh deukeut ka Leuwiseeng, ari tempat eta teh pan Lembur nu 
pangdeukeutna
ka leuweung dimana manehna kapanggih ku guruna; susuganan we meunang raratan
soal kolot2 manehna.

Ku sabab manehna ngarasa lapar, nyimpang heula we manehna ka
warung leutik nu kabeneran ngajual sangu sapuratina; nya der we manehna dahar
di dinya.

“Ujang teh lain urang dieu, nya?”Si tukang warung nanya ka
manehna.

“Muhun, kuring mah tebih ti dieu, di basisir, rek nyaba ka
Kota, kaleresan ka dieu nya nyimpang heula,”

“Wah atuh ka kota mah tebih keneh Jang; panginten perjalanan
3 atawa 4 poean deui mah, naha atuh teu tunggang kuda atanapi kareta?”

“Hahahaha, atuh abdi mah boro2 gaduh kuda atanapi kareta, ti
manahoreng atuh.”

“Hahahaha, atuh mani tebih2 teuing, kiat kituh ka Kota ?”

“Nya dikiatkeun we atuh Ibu, kumaha engke we. Ari di  dieu ibu sareng saha ?”
HANCA


Kirim email ke