Salah sahiji sikep urang Jepun nu perlu ditiru. Mun manehna make basa deungeun, eh nagen we, pinuh percaya diri, najan tibabaradug oge. Tara digeuhgeuykeun deui. Da puguh basa Inggris jeung basa Indonesia teh lain basa indungna.
Kumaha ari urang? Pan urang mah mun aya bangsa urang pidato di TV make basa Inggris heug kurang paseh. Da geunjleung sajajagat. Apan urang Sunda balelol ngucapkeun 'f' ge jadi bahan guguyon. Nu antukna mun urang hayang diajar basa asing teh, sok kurang kawani. Da sieun digeuhgeuykeun tea. Malah nepi ka hayang make basa Sunda ge sieun. Hahaha 2011/12/6 Mang Kabayan <[email protected]> > Yang satunya yg muda dari Yamaha Indonesia... Gayaaaa euy pake bahasa > Indonesia walopun belepotan :). Tidak gagayaan pake inggris :). >
