Jalma tetep we sabar nyanghareupan ieu tilu jelema nu
merekedeweng hayang males pati; terus we dileleran jeung dileuleuyan; tapi
beuki dileuleuyan beuki tambah napsu eta si tilu begal teh; malah si pendek mah
geus langsung nigas; nu akhirna disusul ku si kumis baplang jeung si jangkung;
tapi dicingcetkeun gampang pisan ku Jalma, najan Jalma nempo memang aya
kamajuan gerak silatna eta nu tiluan teh tapi tetep teu bisa naon2 ka Jalma ;
Jalma can males, da baheula mah gelut soteh pedah we Jalma melaan nu rek
dirogahala.

Jalma geus rek pok ngomong deui, nyabarkeun tapi seak2 eta
tilu begal teh teu mere tempo pisan; malah aya hiji sabetan ampir pisan
ngeunaan Jalma; Jalma ngagilir saeutik, kek we ngan sakilat eta bedog di cekel
nu bagean mintulna; sakali ngagibegkeun lesot ti na cekelan si Jangkung ; terus
digilekkeun nuju ka na bedog si pendek; nepi ka meclengna pisan ari si Kumis
Baplang , barang ngadek; barang direngkas ku Jalma nepi ka ngagubragna pisan.
Eta gerakan sakitu lobana teh ngan sakilat sakilat pisan dilakukeun ku Jalma;
tanda yen Jalma luhur elmuna jauh saluhureun sitilu begal ! Jeung satiap gerak
Jalma tangtu 5X lipet cepetna ti batan nu tiluan, nu matak nu tiluan teu bisa
naon2 ka  Jalma.

Tilu begal haruhah harehoh carapeeun, ambekanana ngahegak;
tapi kaciri maranehna kabur pangacian nenjo ketak Jalma; maranehna sadar ayeuna
mah, yen sanajan Jalma ngora keneh, tapi memang elmuna jauh mapakan maranehna;
nya ku sabab masih panasaran, teu nungguan deui biur wae barirat, maksudna rek
bebeja ka jajadugna supaya pang maleskeun; da lamun nungguan mah engke dititah
hahampuraan sagala, padahal maranehna masih hayang keneh males pati ka Jalma.

 

Episode ka-9 Milu ka tempat Begal

 

Jalma ngan ukur bisa ngahuleng we, bari gogodeg, terus
istighfar; muji ka Pangeran ti na geus disalametkeun ti na balai diraponan ku
eta begal nu tilu. Laju  Jalma neruskeun
lalampahanana. Teu karasa waktu Lohor geus deukeut, Jalma culang cileung neangan
masjid; tapi di leuweung kitu mah moal aya; sakitu Jalma geus rurusuhan make
leumpang gancang; di jalan satapak eta mah ukur tatangkalan jeung rungkun 
wungkul;
bari jeung jalanna oge tarahal; jajauheun aya masjid; teu aya cai keur wudu2
acan; Jalma ngarasa beuteungna kukurubukan; jeung tikoro asa hayang manggih
cai. Wah ieu lembur teh teu subur pisan; kitu pikiran Jalma.
HANCA


Kirim email ke