Sok kadinya Bah borolokeun deui cersilna, 5 entragan sakantenan...:D
Ngadepong deui ah.

Nuhun,


-----Original Message-----
From: Abbas Amin
Sent:  08/12/2011 1:53:26 pm
Subject:  [kisunda] Cersil Sunda ka -15





Naooon !?.......... para begal meh
bareng; kabehanana aya rasa kasieun tapi ngan sakeudeung; cakakak si Jara
ngagakgak:”Hahahaha ! Lucu ieu budak leutik teh bisa ngabodor ! Memang lamun
eta omongan disebutkeun 30 taun katukang mah, bisa jadi urang sarerea bakal
sieun ! Tapi hahahaha; ayeuna mah Ki Nurustunjung na ge boa geus euweuh
dikieuna; di na ayana ge meureun geus tawehwoh lumpuh ! Hahahahah !” Ger atuh
begal2 pada sareuri jeung salusurakan.

Jalma ayeuna mah apal; yen memang
bener Ki Nurustunjung dipikasieun; tapi sigana kiwari mah geus rada buyar eta
kasieun teh; ku sabab Ki Nurustunjung memang ampir geus tara kaluar deui ti
Karang Lungkawing.

Ku sabab Jalma rada ngabetem Para
begal nyangka, yen pasti Jalma sieuneun ; terus sareuri bari
ngaweweleh:”Hahahaha ! ku sabab sieun kojor ieu budak teh; terus we mamawa
ngaran Ki Nurustunjung ! Marukan urang rek keueung ! Rek sieun ! Hahahaha!”

Ki Jara:”Ieu budak teh ngora keneh
pisan; kumaha mun ku urang kukut sina jadi juru masak; karunya oge ngora2 paeh
mah !”

Si pendek pipilueun ngomong:”Teu bisa
! Manehna geus ngarugikeun uing; padahal mun henteu meureun aya kana 10
ringgitna harita bakal hasil ngabegal si sudagar ; tapi kaburu ieu budak
pipilueun !”

KI Jara seuri mani
nyakakak:”Hahahaha, nya bodo sia we eta mah ! maenya ku budak leutik kieu wae
eleh ! Eh Jang ! Daek sia jadi juru masak !?”

Jalma mikir lamun rek nalukkeun ieu
para begal; kudu di kandangna sakali; ah keun we hayang nyaho; bari neangan
pangalamn; nya Jalma bari siga nu sieun unggeuk.

  Saterusna
Jalma milu we ka Ki Jara jeung rombonganana; sajajalan para begal saleuseurian
gumbira; bari terus ngageuhgeuykeun si tilu begal; ngan si tilu begal we nu
ngabetem wae teh; bari keuheul, bari panasaran. Tapi teu wani ngomong naon2 ,
ngabetem we sapanjang perjalanan teh.

Jauh oge, leuweung tempatna eta para
begal teh, da ngaliwatan sababaraha pasir; ahirna nepi ka hiji pasir nu leuwih
gede ti batan pasir2 nu geus kaliwatan; ti dinya Ki Jara naek ka pasir nu gede
tea; terus nanjak ka luhur; jalanna leuwih tarahal ti batan nu geus kaliwatan;
ayeuna jalanna mudun, bulak belok anjog we ka hiji landeuh, nu kaciri subur,
aya susukan rada lumayan gede; caina herang ngagenyas. Di dinya aya sababaraha
saung, meureun tempatna ieu para begal, dijieun ti na bilik nu basajan pisan;
handapna palupuh; ari hateupnaa ti na injuk dipasangna kaciri sambewara pisan;
nu penting sigana asal tong kahujanan kapanasan. Di dinya ge geus aya tukang
masak, tapi geus kolot; tah cenah Jalma teh keur ngaganti si Gandi nu mindeng
geringan. Barang jol ge brak we begal2 teh dalahar jeung lauk meunang ngala ti
susukan; cabe bawang da loba di dinya; diusahakeun dipelak; ari uyah mah
meunang nguyang “kurir” nu sok indit2an nya eta Ki Surba, asalna ti daerah
Cirebon, teu nyaho palebah mana Cirebonna teh. Jalma oge deker milu dahar,
terus ditempatkeun sasaung jeung Ki Gandi. Ki gandi teh nampana Jalma hambar we
teu bear teu marahmay, malah siga nu karunyaeun ka Jalma. 

Sanggeus istirahat sakeudeung, Jalma
terus we ka susukan ngadon wudu terus we shalat na batu lempar; kabeneran aya
sisi susukan; karasa rada panas; ah disiraman we ku cai; akhirna Jalma anggeus
shalatna.
HANCA





------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    [email protected] 
    [email protected]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [email protected]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke