Kang Gus Maman, kompilasi carita pondok dina serial "Pangalaman Balad Ki Sunda" tea, ku uing didokumentasikeun. Unggal usik ge, upama aya postingan dina eta jejer teu weleh ditoongan.
Toongan uing ieu serial, bisa manjang, sapanjang balad Ki Sunda ngirimkeun postinganana. Mun perlu diberendelkeun nu tos aya. Ke urang neangan waktu nu rineh nya. Hehehe 2011/12/9 Gus Maman <[email protected]> > ** > > > Mang Hasan, seja tumaros kumaha nasibna Pabukon Sunda ? Anu mangrupikeun > Carita Pondok di Kisunda? > Ka Dago teras Ka Lembang. Hanas didago-dago, lebeng deui lebeng deui. > he.he.he. > > Pada Jum, 9 Des 2011 09.09 ICT Ki Hasan menulis: > > > >Fikmin #Teu Terang!# > > > >Lebah Cikutra, jrut si Hamad urang Malaya turun tina angkot. Kusiwel > >ngaluarkeun keretas kucel sacewir. Catetan alamat babaturanana. Tumpa > >tempo, katinggali aya tukang beca, keur ngiuhan handapeun kersen. Ku si > >Hamad disampeurkeun. "Bang, alamat ini dimana yah?" pokna, bari > ngasongkeun > >sacewir keretas. "Teu terang, Pak!" walon tukang beca. Si Hamad ulak ilik > >ka luhur, ka handap. "Sini, sini, Bang!" ceuk si Hamad, bari nungtun > tukang > >beca, ka tempat nu teu kaiuhan ku ngaroyomna kersen. "Alamat ini, dimana?" > >ceuk Si Hamad deui. "Muhun, teu terang, Pak!" Si Hamad ngagerendeng, "Tadi > >di tempat teduh, 'teu terang', sekarang di tempat terang benderang begini, > >'teu terang' juga?" Si Hamad jeung Tukang Beca pakerung-kerung. > > >
