Keur pangeling-ngeling, cenah mah ayeuna teh Poe Anti Korupsi (9/12) ditambahan
beja yen loba PNS ngora rekeningna tepika puluhan milyar rupiah, hih geuning
kabiasaan cocorokot milik publik teh teu bisa diubaran, malah sigana teh bet
diwariskeun. Kuring mah jadi inget kana anekdot ieu:
***
Kacaritakeun aya saurang Misioinaris ditewak ku suku Kanibal di Pedalaman
Afrika. Samemeh sang misionaris teh dikulub, dikecemplungkeun kana kuali gede,
sang Kapala suku teh nanya:
"Tuan, naon pamenta akhir anjeun, samemeh dikulub?"
Kacida ngarenjagna sang Misionaris teh, kaget, geuningan sang Kapala suku teh
bisa bahasa Inggris. Bari ngadegdeg manehna malik nanya:
"Tuan Kapala Suku, Ari Tuan diajar bahasa Inggris dimana?"
"Oh .... pan kuring teh alumni Oxford", ceuk kapala Suku teh kalem.
***
Nyanggakeun we interpretasina mah ka masing-masing ..hehehehe
WLY
------------------------------------
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> Your email settings:
Individual Email | Traditional
<*> To change settings online go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
(Yahoo! ID required)
<*> To change settings via email:
[email protected]
[email protected]
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[email protected]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/