duka tah imam ka-13 mah henteu terang :-) duka imam aliran Islam naon?


----- Pesan Asli -----
Dari: Gus Maman <[email protected]>
Kepada: [email protected]
Cc: 
Dikirim: Jumat, 9 Desember 2011 9:11
Judul: Ateul Curuk ! Bls: Trs: Bls: [kisunda] Putaran ka-2 :  Imam

Pada Kam, 8 Des 2011 16.10 ICT Sp Saprudin menulis:

Da uing maos padungdeng antara Pa Gus Maman jeung M. Zen jiga main bal kana 
tembok, ditendang malik deui, leuheung balik deui kan suku mah rada pantes bisa 
ditendang deui, ieu mah malikna kana beungeut, atuh jadi lieur sirah.Anu hiji 
medarkeun rada kaharti anu hiji deui uing rada bingung da referensina can 
pernah ku uing dibaca. Komo aya istilah kapamimpinan ghoib. Uing kudu belajar 
deui ngenaan kapamimpinan ghoib, teing disiplin ilmu ieu teh konsentrasina aya 
pakaitna jeung bangsa Jin, sugan bisa mimpin jin titah nyieun jambatan Jawa - 
Sumatera.
==========
Jadi ateul Curuk hayang curat-coret deui pedah :

Kahiji, sim uing rada hareudang disebat 'PA' ku Mang Udin, 'Gue (kan) Urang 
Sunda' (GUS) kiteuh he.he.he. 

Kadua, diniatan ti seratan sateuacana, moal neruskeun padungdengan Jeung M. 
Zen, alesan sim uing, 'moal nyambung' dumasar pangalaman sababaraha kali diskusi
jeung anu gaduh atanapi nyepeng Aliran Syiah. Luluncatan, uing mairan paragraf 
demi paragraf, maranehannana nyieun paragraf anu anyar nu teu nyambung jeung
diskusi nu ku sim uing dipairan. Kacleng we terus, cape deh.

Katilu, anu matak mawa ateul nu lain, nyaeta asa geus teu nyambung SIKON zaman 
ayeuna jeung zaman anu dicaritakeun dina katerangan-2 nu dialungkeun kunu gaduh 
aliran syiah, khususon sikon dunia ayeuna, KOMO DEUI kaitanana jeung kasundaan 
(anu eukeur kusah-koseh milari jati dirina) nyambungna dimana ?

Kaopat, pamikiran sim kuring sorangan, naha teu kapikiran ku ahli agama, naon 
anu jadi sabab musabab pecahna aliran Islam kujalan make kajian anu leuwih jero 
?  

Panungtung, soal ghoib. Lamun ghoib dihartikeun/didefinisikeun hiji kaayaan 
naon bae anu bisa atanapi sering disebut, karasa jeung nyata tapi teu bisa 
ditunjuk ku Curuk. Tah lamun definisina kitu sa enyana, nagara kaasup hal anu 
ghoib. Umpamana Negara Indonesia bisa dilihat dari Peta dan wilayahnya,
ah eta mah Petana, Lamun nunjuk kanu Bandera Merah Putih, ah etamah benderana. 
Mun ningali Gedong Pamarentahanna, ah etamah Gedongna. Kitu nun.

Pertanyaan panungtung, khususon keur M Zen jeung Ahsa, naha Imam ka-13 ghoib? 

Salam
mz


------------------------------------

Yahoo! Groups Links



    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke