Mun noong peta, Wanayasa teh di lelewek Purwakarta. Ari Leuwiseeng, ada di
Panyingkiran, Majalengka. Mun Si Jalma ti Wanayasa rek ka Batawi, tangtu
moal ngaliwatan Leuwiseeng.

Upama ngaran tempat dina ieu lalakon, rek disaluyukeun jeung lokasi
geografi nu sabenerna. Aya hadena upama ngatujuk kana peta.

Mangga dilajeng

2011/12/9 Abbas Amin <[email protected]>

> **
>
>
> *Episode ka-10 Jalma jadi juru masak***
>
> Unggal poe para begal teh euweuh gawe; ngan ukur dahar sare; atawa nitah
> mencetan; tapi nu ngajaga mah aya bagilir. Ieu sagala kalakuan Begal teh
> diperhatikeun pisan ku Jalma.****
>
> Na hiji poe Ki surba datang bari mawa gula, kopi , uyah, beas, asin jeung
> rupa2 barang kaperluan; terus manehna hariweusweus yen bakal aya kareta nu
> bakal liwat ka Cisurili; dimana eta Cisurili teh rada deukeut ka
> Leuwiseeng. Sakabeh Begal kalaluar ngariung, meureun nangtukeun kumaha
> strategina megat eta sudagar nu bakal ngaliwat. Teu wudu poe eta mah Jalma
> rada paciweuh da ngalayanan begal nu menta itu ieu; bari  teu sarupa.****
>
> Sanggeus badami Ki Jara nangtukeun bakal megat eta padagang langsung
> dipimpin ku manehna; nu ngajaga kandang ayeuna mah si Tilu begal. Najan
> bari ting kecewis; omongan eta begal kadenge jelas pisan ku Jalma; lantaran
> Jalma geus biasa ngalatih ceulina ngabedakeun sora2 nu kumaha launna oge;
> Jalma geus bisa ngabedakeun sora nu nyerang enyaan atawa masih mancing; di
> na hal eta Jalma dipuji pisan ku Ki Nurustunjung; padahal cenah Ki
> Nurustunjung sorangan keur saumur Jalma , can nepi ka na kabisa Jalma di na
> waktu harita.****
>
> Nya isukna para begal teh budal we, tinggal Si Tilu begal; si tilu begal
> kaciri masih panasaran; tiluanana ting polotot ka Jalma; Jalma seuri na
> jero hatena; nya ayeuna aing bakal ngulinkeun ieu begal nu tilu, meungpeung
> keur sepi, Ari begal nu tilu boga pikiran sarua deuih jeung Jalma hayang
> ngulinkeun Jalma.****
>
> Si Pendek nyorowok :”Eh Jalma kadieu siah pencetan aing!”****
>
> “Mangga, walon Jalma bari gancang nyampeurkeun si Pendek. Karek ge Jalma
> nyampeurkeun , ti Beulah ditu si Jangkung nyorowok:”Eh Jalma !
> Pangnyieunkeun teh manis euy !”****
>
> Kakara ge Jalma rek ngahurungkeun seuneu, corowok deui si Pendek:”Aeh
> siah, dititah mencetan , mani lila pisan! Gancang siah kadieu aing
> pencetan.”****
>
> Keur kitu corowok deui si kumis baplang Ganda nyorowok ti tempat sejen
> deui:”Jalma, aing hayang beuleum lauk sok pangjieunkeun beuleum lauk; ulah
> asin teuing ! sok gancang siah, ulah leleda.”
>
>
> HANCA
> ****
>
>  
>

Kirim email ke