Nu dipihormat anggota Millis Ki Sunda sareng Urang Sunda. Assalamu'alaikum Wr. Wb. Mugia urang sadayana aya dina panangtayungan Mantenna enggoning mancén damél sadidinten. Sinareng ieu serat, sim kuring asmana panata calagara seja ngulem Bapa, Ibu, miwah Saderek sadayana kanggo hadir dina acara Pamasrahan Hadiah Sundapedia 2011, pasanggiri nulis artikel dina Wikipedia basa Sunda, anu Insya Allah dilaksanakeun dina:
Dinten/Ping: Rebo, 14 Désémber 2011. Waktos : Tabuh 09.00 - 12.00 WIB Tempat: Auditorium B Gedung FPBS UPI Bandung. Acara: - Pamasrahan Hadiah - Sawala ngeunaan Wikipedia kalayan panyatur: 1. Prof.Dr. Iskandarwassid, (Guru Besar UPI) 2. Hernawan, M.Pd (Juri Sundapedia) 3. Siska Doviana (Direktur Wikimedia Indonesia) - Pinton seni ti Lisenda UPI Kana kasumpingan Bapa, Ibu, miwah saderek sadayana, sim kuring ngahaturkeun réwu nuhun laksa keti kabingahan. Wassalamu'alaikum Wr.Wb. Baktosna, Aditia Gunawan Pupuhu Calagara Sundapedia 2011
