Waktu Jalma anggeus shalat Lohor; kakara para Begal kaciri
baralik; tapi pasemonna sama sakali teu gumbira. Ki Jara kadenge kukulutus
terus. Malah aya sababaraha hiji Begal nu taratu.

“Bodo siah Surba ! mere info teu bener !”

Ki surba:”Tadina mah eta rombongan bakal ngaliwat ka dinya;
meureun aya parobahan, nu Ku kuring teu kadenge,”

“Ah pokona sial , sial jeung sial ! poe ieu urang meunang
palajaran nu aya hargaan oge ! Ulah gagabah wani2 ngaranjah ka Wanayasa; urang
ka dinya teh ku sabab ngarasa gagal megat sudagar; susuganan sudagar teh
nyimpang ka Wanayasa, bari sakalian ngarampog urang Wanayasa.urang teu nyaho
yen loba oge Ajengan nu bisa tarung ! Komo Ajengan Salim mah elmuna lumayan
pisan; tadi uing tarung jeung manehna; wah teu gampang ngelehkeunana teh. Komo
meureun bapana, H. Syarif.!”

Jalma rada kaget oge, ngadenge yen para begal ngaranjah
Wanayasa; tapi manehna ahirna tenang , lantaran nyata para begal geus gagal
ngaranjah Wanayasa.

Jalma ayeuna rada pusing, kumaha cara nalukkeun, sakaligus
nginsapkeun eta para rampog. Da ari maehan mah , pasti leuwih gampang; tapi da
lain eta tujuan Jalma teh. Jeungna deui, enya ge “begal” ; maranehna masih boga
rasa rumasa jeung kamanusaan; jeung maranehna ge antara begal jeung begal silih
pikanyaah pisan; meh ampir jeung dulur pet ku hinis; jadi teu bisa Jalma
sambarangan maehan eta kumpulan begal.

Ki Jara najan masih keuheul jeung kutuk gendeng; tapi kaget
jeung atoh, sabab mani gancang pisan Jalma ayeuna nyayagikeun kejo jeung lauk
sarta inuman keur sakabeh begal; manehna muji yen Jalma gancang nyadiakeun
sangu jeung deungeunna, lantaran memang ngarasa lapar pisan; kegetna lantaran
asa ngan sakedet netra pisan. Waktu ditanya, Jalma ngajawabna pas pisan; bari
seuri, yen ngitung waktu kira2 waktu kieu baralikna para begal; jadi geus
sasadiaan ti anggalna. Ki Jara beuki sumanget, terus nepakan taktak Jalma;
omongna:”Tah ieu picontoeun, Jalma itunganana tepat pisan; mun urang bisa kitu
dina ngajalankeun operasi tangtu gede mangpaatna, hahahaha. Alus Jalma.”

 

Ku sabab Jalma sajeroning 
jadi juru  masak, loba waktu
pisan; nya manehna  bisa ngolah tanah;
tuluy dipelakan jagong. Teu wudu waktu panen teh; kabehanana mani aratoheun
bisa dahar jagong saseubeuhna. Kabeh maruji ka na karajinan Jalma. Cek Ki Jara,
Jalma teh kudu dibantuan; nya Jalma milih si tilu begal keur ngabantuan
manehna. Nu tilu teh mani giak; lantaran atoh dipilih ku Jalma. Nepi ka ayeuna
eta si tilu rampog teu wani curuta carita ka sasaha ge soal manehna diulinkeun
ku Jalma . Mun aya nu nanyakeun dikamanakeun bedog maranehna. Rupa2 we
alesanana teh; si Jangkung nyebutkeun geus rompang kudu neangan gantina; ari si
Pendek mah cenah keur ngala lauk tilelep na leutak; diteangan teu panggih deui.
Ari Ki Ganda mah sederhana; ah geus dipiceun geus teu pas deui ; ah bedog teh
dibalangkeun we nyao ka mana.

Ki Jara sok mindeng menta dipencetan ku Jalma; tah nya saat2
kitu Jalma nyuntikeun soal moral jeung agama; tapi teu wani langsung; Jalma mah
malibir we. Hiji hal kakuatan Jalma; nya eta Jalma teu boga rasa adigung
adiguna; lamun henteu mah; omongan Jalma bakal jomplang, moal aya gunana; sabab
kaciri yen manehna ngaguruan pisan; jadi ku sabab teu adigung jadina Jalma
nyaritana teu luhur, nu matak bisa ditarima batur. Eta kakuatan Jalma teh.

 HANCA

Kirim email ke