Sampurasun...
Tadi subuh abdi maos buku sajarah Nabi versi novel nu diserat ku Abdurrahman 
Syarqawi.  Judulna "Muhammad, Sang Teladan" (Bandung: Penerbit Irsyad 
Baitussalam, 2007). Dicarioskeun yen Abdul Muthalib teh kantos nadzar 
dipayuneun patung-patung di Ka'bah. Yen mungaduh putra sapuluh rek dupencet 
hiji. Dikersakeun Anjeuna gaduh putra sapuluh. Sareng nya diundi dipayuneun 
Hubal--mun teu lepat mah--ku anak panah. Lagrakna teh ka Sayyid Abdullah. 
Anjeuna reuwas tur teu tega mun anak kudu dikurbankeun. Badami we sareng 
rerencanganna nu sanes. Dugi ka Yathsrib mun lepat mah milari patarosan ti ahli 
agama perkawis eta nadzar tea; nu bade ngurbankeun Sayid Abdullah. Pondokna 
carita kurban Sayid Abdullah teh digentos janten 100 onta.

Numutkeun simkuring, jigana eta riwayat teh jigana aya pangaruh israiliyat 
atanapi tos disimpangkeun tinu bener. Asana teh tu kahartos ku akal, yen Abdul 
Muthalib nu katelah ngagem agami hanif, agama na Nabi Ibrahim as, man enya kudu 
nyembah ka berhala sareng nadzar ka Hubal. 


Mun teu lepat mah, Muhammad Husain Haikal oge dina bagen awal buku nyebatkeun 
carita umum samodel Syarqawi. Cing didieu sugan aya nu tos mendakan sumber nu 
langkung eces. 

Kirim email ke