Pada Sel, 13 Des 2011 10.40 ICT Waluya menulis:
Mimitina mah tina politik (rebutan kakawasaan) tapi akhirna lumpat kana 
kayakinan jeung aturan agama. Urang ayeuna ukur kawaris, jadi teu perlu silih 
salahkeun, kumaha kayakinan masing-masing wae, kamana nu cocogna.

Salam,
WALUYA
==========================

Satuju pisan bah Willy, ieu data mangrupakeun dukungan ka 'pamanggih' kuring, 
yen lamun jelema teu bisa ngabedakeun mana 'domain' politik mana 'domain' agama 
jadina pabaliut.  
Politik jeung Agama teh ampir sarua,- rada hese ngajelaskeunna, lir ibarat 
jelema-jelema lolong anu geus nyepeng gajah terus sina nerangkeun naon jeung 
siga kumaha ari nu ngarana Gajah. Nu nyepeng buntutna nyebut yen Gajah siga 
Oray. Nu nyepeng ceulina nyebut Gajah siga Hihid. Nu nyepeng belalaina nyebut 
siga Oray Kadut.

Salam
mz


Kang Ahsa, kuring boga buku terjemahan Sajarah Islam karangan Prof K. Ali. Dina 
buku eta diterangkeun sajarah Suku Quraisy. Oge dicaritakeun aya mumusuhan 
anatara dua dulur saturunan, Hasyim (paman) jeung Ummayah (alo), mumusuhan ieu 
pangpangna mah dina hak "mengelola" Kabah. Ritual Haji geus aya ti samemeh 
Islam oge, nu mengelola Kabah boga kauntungan ekonomi waktu musim Haji, nu 
matak ieu jadi rebutan. Keur gambaran Sajarah Suku Quraisy tiasa ditingali dina 
http://id.wikipedia.org/wiki/Suku_Quraisy

Turunan dua urang ieu sok disebut Bani Hasyim jeung Bani Ummayah, mumusuhan dua 
jalma ieu diwariskeun tepika jaman Kangjeng Nabi. Kangjeng Nabi jeung Ali 
kaasup Bani Hasyim, sedengkeun Abu Sufyan tokoh Bani Ummayah. Tanggtu urang 
apal kumaha dengkina Abu Sufyan ka Kangjeng Nabi. Tapi akhirna mumusuhan ieu, 
bisa direngsekeun waktu Abu Sufyan asup Islam (kulantaran Kangjeng Nabi 
naklukeun Mekkah). Putra Istri Abu Sofyan ditikah ku Kangjeng Nabi jeung putra 
Pamegetna Muawiyah dicandak ku Kangjeng Nabi (disebatkeun jadi sekretaris Nabi).

Tapi mumusuhan bani-bani mimiti mucunghul deui saatosna kangjeng Nabi wafat. 
Aya rebutan anatara Bani saha nu kedah ngagentos Nabi. keur Bani Hasyim, Ali nu 
paling boga hak, sabab anjeunna putra Abu Thalib nu keur jumenengna anjeunna 
"pengelola Kabah" jeung "pelindung Kangjeng Nabi tina hiri dengki". Ali oge 
minantu Kangjeng Nabi. Tapi keur nu sejen mah beda deui. Ngan kabeneran nu 
kapilih teh Abu Bakar jeung saterasna Umar, dua urang ieu teu asup ka Dua Bani 
ieu, jadi netral. Tapi waktu Ustman bin Affan kapilih jadi kalifah nu katilu, 
mumusuhanana dua Bani beuki seukeut, sabab Ustman bin Affan teh klan Bani 
Ummayah, nu musuh gerot Bani Hasyim...




------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    [email protected] 
    [email protected]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [email protected]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke