mun teu salah mah sual Ibnu Saba mah kantos dibahas di ieu milis. mangga geura korehan deui. mun teu lepat mah anjeuna teh dibuat2 alias fiktif; teu jelas asal-usul. ngan diasupkeun ku Saif bin Umar we kana buku sajaroh.
________________________________ Dari: Sp Saprudin <[email protected]> Kepada: "[email protected]" <[email protected]> Dikirim: Rabu, 14 Desember 2011 12:19 Judul: Bls: [kisunda] polling: saurang siah gede wawanen, reueus? Asa heueh katingalina nyah! Coba survei ka Iran ka kota Teheran aya teu Masjid kaum sunni anu diadegkeun. Tapi mun nempo tempat ibadah Yahudi (Sinagog) leuwih ti 40 wangunan. Ieu tandana naon? Barita ngenaan hubungan Iran vs US anu panas kusabab soal Nuclear eta teh geus lila. Tapi uing rada heran ka US kunaon sikapna leuleuy sawatas diplomasi henteu jiga ka Iraq, Libya atawa Afganistan anu heuras tindakana. Sakumaha anu tos ku uing dijelaskeun tina postingan babaraha waktu ka tukang, yen pendiri Syiah Imamiyah (Iran) nyeta Abdullah bin Saba anu mangrupakeun Yahudi ti nagri Yaman. Nyukcruk sajarah perang salib, yen geus ngajadi gawe babarengan antara pasukan Salib jeung pasukan Syiah Fatimiyah keur waktu nyerang Yerusalem, dina waktu harita loba ummat Islam sunni anu dipaeuhan. Ceunah ceuk barita Ahmadinejad gede wawanen ngalawan US (lain Urang Sunda tapi United State), eta meureun neangan opini dunia pikeun ngajadikeun Iran salaku icon perlawanan ka US, icon kajajaden, anu tujuanna mengeksistensikan Syiah. Coba baca buku "Perang Slaib : Sudut Pandang Islam" karangan Hillenbrand, dina eusi bukuna manehna nyatakeun yen pasukan Syiah Fatimiyah geus migawe bareng jeung pasukan Yahudi tina ngarebut Yerusalem (taun 1099) anu dikawasaan ku Dinasti Abbassiyah anu Sunni. Dari: Dudi Herlianto <[email protected]> Kepada: [email protected] Dikirim: Rabu, 14 Desember 2011 11:12 Judul: [kisunda] polling: saurang siah gede wawanen, reueus? presiden iran, mahmud ahmadinejad, geus kaceluk ku kawanina dina ngalawan amerika serikat. kawani nu panganyarna, nolak pamenta amerika keur malikeun kapal pangintipna nu murag di lemah iran. amerika nu kafir bin karesten bin yahudi, cek sabagean muslim, teh musuh gerot. iran nu siah, cek sabagean muslim, oge musuh, sahenteuna lain dulur, nu pikasebeleun. tah kira-kira, jenuk milis, sanggeus nyeuleu postingan salila ieu, kuring jadi hayang nyaho, saha wae nu ngarasa reueus kana kawani mang mahmud salila ieu? xixixi -- d-: dudi herlianto :-q paciringan.wordpress.com kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk
