Fikmin - #Ngalage# Rohendi Pandeglang
Ukel geus muringkel tepi ka muter pigeulangan. "Dia ngalage doang bebegig". Kitu peunteun ti bapa. Cindek, usik malik, gedut, tepi kandel talapok cokor. "Dia ngalage doang kotok lembeng". Kitu keneh peunteun ti ema. Sakali deui kami keupat, mincid, galieur, galeong, tindak tilu, mamandapan tepi ka leuleus tulang sandi. "Doang bencong bae lagean dia", deui bae peunteun lanceuk. Kula teu kudu jadi panglage burunganan, najan kulawarga tukang nukitu. Kula rek jadi tukang meunteun jeung nyawad welah. Rek ngageunggeureuhkeun nu ngalage dikantor-kantor kwari. Ja ngaleuya sing gareyot.
