Pada Rab, 14 Des 2011 19.25 ICT Tubagus Rifki L menulis:
>Antara Baduy, Syiah jeung Wahabi
>Dina Silokanagara MilisKiSunda nu teu acan asup ka Parsarekatan Bangsa-Bangsa,
>anu pandudukna duka sabaraha can kabejaan jumlahna, aya babaraha parte
>politik. Parte Baduy, Parte Syiah, jeung Parte Wahabi. Jaba ti eta aya keneh
>babaraha parte leutik, di antarana Parte Hitler, Parte BillGate, Parte
>Nyandung, Parte Halimun, nu teu kacaturkeun dina ieu carita.
>Nagara ieu boga pamarentahan nu jejeg ti baheulana, ngaran ponggawana ge jiga
>Arab arana, Ki Hasan diantawisna. Parte jeung konstituena boh nu ti baheula
>aya, boh nu anyar datang teu beak akal neangan cara sangkan pesen-pesen
>partena nyampe ka balarea. Iklan-iklan boh nu panjang, boh nu pendek
>dikocorkeun. Pamake elmu boh nu impor boh nu lokal, dibolekerkeun. Ari tujuan
>parte mah geus puguh, neangan konstituen jang meunangkeun dukungan sangkan
>meunang kakawasaan. Sanajan parte di Silokanagara MilisKiSunda hanteu
>ngayakeun pamilihan umum, saling parebut netelakeun eksistensina mah atuh
>hog-hag jiga nu bakal meunang pahala ti panggeran Diponegoro.
>Pendek carita, hiji wanci inohong parte Baduy, Syiah jeung Wahabi papanggih
>dina hiji acara debat publik.
>Ceuk Wahabi, "Duy, ulah muja ka Sasaka Domas. Eta hiji kamusrikan."
>Baduy, "Iheung. Sarua bae kabehgeh jalma datang ti Adam. Kami boga kabuyutan,
>di dinya boga kabuyutan."
>Syi'ah embung eleh, " Nagara mah lain di atur ku pedah musrik atawa heunteu.
>Tapi saha nu kudu ditanghikeun jadi pupu'un, eta nu boga wiwitan ti Gusti. Ari
>Gusti Allah geus puguh nandaan saha nu sakuduna jadi pupuun sabada kanjeng
>Rosul"
>Ceuk Wahabi, "Teu bisa kitu Ah (maksudna Syiah). Sohabat leuwih utama sakumaha
>pupujuh Rosul, yen generasi nu pang alusna eta ti ieu nepi ka ieu. Nu teu
>dilakonan ku sohabat teu bisa jadi hukum"
>Baduy, "Iheung. Dararia ngomomg naon?"
>TiRiLik
>Ongkarana Sangtabean Pukulun Sembah Rahayu.
Gus Rifki Tirilik mah sigana sami sapartey sareng sim uing Partey Baduy!
------------------------------------
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> Your email settings:
Individual Email | Traditional
<*> To change settings online go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
(Yahoo! ID required)
<*> To change settings via email:
[email protected]
[email protected]
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[email protected]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/