Episode ka 14 – Nalukkeun Para Begal

Jalma ayeuna nyarita:”Tah geuning hasilna kitu; tah ayeuna
saha deui nu hayang ngarebut Nyi Epon ?”

Ki Jara ayeuna mah rada mureleng ka Jalma; jeung aya
kasadaran oge yen Jalma teh sigana api2 wungkul, salila milu di dinya teh; wah
lamun kitu bahaya yeuh, cek gerentes hatena.Nya sanggeus sakeudeung badami
jeung begal nu sejen , manehna ngepung Jalma. Tapi Jalma kalem we nempo ketak
Ki Jara kitu teh. Demi si Tilu begal, manehna enyaan geus kapok pisan, ngalawan
Jalma; manehna cicing we disisi; kitu deui si Gandi; jadi jeung NYi Epon ting
rariung we limaan; ari nu sejen mah ngararepung.

Jalma seuri mani nyakakak:” Hahahaha, ku sabab sorangan2 geus
gagal; ayeuna arilaing kabeh rek ngoroyok kuring ?”

Ki Jara nyentak:”Teu wudu siah, bisa nyumput di nu caang
Jalma ! Maneh ngan ukur ngandelkeun Elmu Welut Putih tong sambat kaniaya !
Pasti badan maneh bakal direcah di na waktu ieu !”

Begal2 sejen geus pada ngaluarkeun sanjatana; kabehanan ting
polotot ka Jalma; siga hayang ngerekeb; terus ki Raksa ngomong ka tilu
begal:”Eh Ganda! Jangkung! Pendek ! kunaon teu pipilueun? Kapan hayang males
pati lain !?”

Ki Ganda:”Asa teu boga kaera euy ngoroyok budak ngora kitu !
Hahahah; jadi ke we uing mah majuna pandeuri.”

Belasan Begal sasenjata senjatana ngadeukeutan ngepung Jalma;
Jalma ayeuna mah ngarasa yen geus cunduk ka na waktu ninggang ka na
mangsana  kudu tarung; Jalma lain sieun
dikoroyok; tapi manehna mikir kumaha cara ngelehkeun ieu begal nu loba tanpa
aya nu binasa ? Da kapan ari geus der mah; kadang2 poho di na ngaluarkeun
tanaga; kurang ngukur kakuatan nu jadi lawan mah, bisa matak ngabinasa; tah di
dieu saenyana Jalma jadi teu ngabasmi ieu pasukan begal ti bareto; lantaran mun
bisa mah talukkeun lain dibinasa.

Ki Jara nyorowok:”Eh Jalma ! Sok maneh rek make senjata naon
? Hayoh gancang Kula sarerea bakal ngarecah maneh ! “

Jalma:”Hahahaha, asa teu kudu make senjata ! keur murid Ki
Nurustunjung cukup ku dua leungeun tanpa senjata ge !”

Gebeg we Ki Jara ngagebeg ! Mun enya Jalma murid Ki Nurustunjung;
pastina ge lain sisiwo; pantes mun si Tilu Begal keok! Tapi naha enya kituh ?
tapi tadi waktu gelut; mani lila pisan ngelehkeun lawan2na ? Naha kitu api2?
Tapi ah, da Ki Nurustunjungna ge ayeuna mah nyao dimana ? Keun we rek dicoba
heula; mun memang beurat; masih aya waktu pikeun mundur. Kitu pikiran Ki
Jara.  

Ki Dipa jeung Ki Raksa geus teu sabar deui, maranehna
pangheulana nigaskeun bedogna ka Jalma; tapi ngan sakilat geus dicingcetkeun ku
Jalma! Ayeuna kakara Ki Jara jeung nu sejenna kaget nempo gerakan Jalma nu
kacida kesit jeung cepetna! Wah paingan atuh si Tilu Begal nalambru; da geuning
sakitu kesitna ? Nya teu nungguan deui, 
Ki Jara jeung begal sejenna pada ngahareumbatkeun bedogna !

Tapi sakitu dikepung ku belasan begal teh; Jalma teu pisan
gentar atawa kadesek; malah ayeuna mah Jalma mimiti males. Des ! ki Jara
katonjok igana ! Plak Ki Raksa katalipak nepi ka pengpeongan; gubrag tilu begal
sejen ting talambru !

Enyaan ayeuna mah Jalma ngaluarkeun Elmuna ! Ki Jara bari
nyekelan igana, nyeri. Kaget pisan; wah enyaan ieu Ki Jalma teh memang asli
murid Ki Nurustunjung ! Da moal enya ngora2 sakieu hebatna ari lain murid Ki
Nurustunjung mah. Tina nguntup, Ki Jara jadi rada miris; bret! We bedogna
karebut; bari manehna tigugulitik disigeung ku Jalma; karasa nyeri pisan, ampir
teu bisa hudang deui. Ari begal2 sejen kaasup Ki Raksa jeung Ki Dipa geus ting
talambru dibabat ku Jalma; aya dua tilu nu rek kalabur; tapi ngan sakilat ku
Jalma kauber terus diketig igana nepi ka aduh2an jeung ampun2an lantaran karasa
nyeri pisan.

Jalma ayeuna mah nyorowok tarik, tur ngajelengeng, loba begal
nu katorekan:”Eh para begal ! awas tetep maraneh di dieu ! Mun aya nu nyoba
kabur bakal ngarasakeun kanyeri saperti itu batur2 maraneh!
HANCA


Kirim email ke