Fikmin #Cépot# Rohendi Pandeglang "Urang mana dia rok? lenga lengo di buruan kula?" ceuk Si Gurubug.
"Anyirrr... déwék ditanya ku dulur uing ti kulon." Astrajingga ngagerendeng ka para catrik. "Bagor...! kalah ngadalingeng, kebel amat dia mikir pijawabeun rok?" Si Gurubug ngageuhgeuykeun. "Sampéan niki, panjenenganipun sopo ré?" Si Bagong pipilueun nanya. "Hihihiy...! heueuh pan déwék téh maranéh deuleu!?", ceuk Astrajingga, bari sirahna ngadangheuak neuleu kanu duaan.
