Kadang urang teh sok kaleuleuwihi dina perkara heureuy. Sok sanajan aya 
kabebasan dina perkara ngadiskusikeun naon wae, tapi sigana urang kudu bisa 
"ngerem sorangan" topik bahasan naon anu sakirana sensitif jeung pibahlaeun.

Kuring jadi inget kasusna penyanyi Opi Andaresta, anu jadi MC di hiji acara. 
Waktu manehna rek muka amplop saha anu juara salah sahiji lomba, ngomong kieu 
"Bismillah bismintul". Kontan aya reaksi anu nongton eta acara, dianggap geus 
ngulinkeun ayat ayat Qur'an. Lamun pikeun obrolan pribadi mah, teu pati 
masalah. Tapi ieu mah di media anu ditongton ku loba jalman, urusanana jadi 
repot.

Mrachmat rawyani 
Powered by Telkomsel BlackBerry®

-----Original Message-----
From: Oman Abdurahman <[email protected]>
Sender: [email protected]
Date: Sat, 17 Dec 2011 15:08:58 
To: [email protected]<[email protected]>
Reply-To: [email protected]
Cc: [email protected]<[email protected]>
Subject: Re: Hakekat vs Syareat Sholat Bls: Re: Bls: [kisunda] Re: sholat

Eta wae pedah sakaterang si kuring madzhab naon wae dina Islam sholatna make 
bhs Arab atuh munggah hajina ka Mekkah di Arab Saudi. Jd lamun aya anu 
ngahucuhkeun sholat make basa lian ti basa Arab jeung naek haji lain ka Mekkah 
di Arab ceuk kuring mah geus kaasup ngageuhgeuykeun ka Islam naon wae
Madzhabna.

manar

Sent from my iPhone
Oman Abdurahman

On 17 Des 2011, at 13:28, Gus Maman <[email protected]> wrote:

> Nya ceuk kuring oge, lamun pamadegan pakeukeuh-keukeuh pageuh nyepeng 
> kasyareatan anu mueunang nyutat tina kitab Fiqih matak nyerempet-nyerempet 
> kanu kasebut "teu ngahargaan" ka hiji kayakinan atanapi ageman nu lian. Matak 
> panas hate.
> Pajarkeun 'teu ilmiah' lamun teu nyutat tina hiji katerangan kitab anu 
> jumhur(padahal tiasa wae aya 'paralax' atanapi 'bias'). Intinamah moal aya 
> titik-timu. Matak weureu.
> 
> Upami make 'kahakekatan' mah tiasa kahartos.
> Mungguhin jalmi, tiasa 'multi-tasking' na jero hate ngucap make Sunda, nu 
> didawamkeun
> make basa Arab. (* ceuk Madhzab Shahwatiyah).
> 
> Baktos
> gm
> 
> Pada Sab, 17 Des 2011 00.36 ICT Oman Abdurahman menulis:
> 
> >Tah ieu mah geus mimiti ngaco, ngambak enteng nyieun madzhab, pamadegan 
> >sarupa kieu hakekatna mah teu ngahargaan ka agama Islam. 
> >
> >Sent from my iPhone
> >Oman Abdurahman
> >
> >On 16 Des 2011, at 20:02, ilen kardani <[email protected]> wrote:
> >
> >> Sok atuh geura nyarieun Islam versi Sunda ngarah bisa sholat make basa 
> >> Sunda jeung jarrah naek hajina teu kudu ka Mekah, tapi cukup ka Karang 
> >> Kamulyan, dalilna mah bejakeun we Nabi Adam teh turuna di Pasundan. 
> >> Boa-boa bakal ditaluturkeun ku nu umat Islam sadunia ngan pasti urang 
> >> Saudi mah moal panujueun da bakal leungiteun devisa.
> 
> 
> 

Kirim email ke