Fikmin - #Titisan Ekalaya# Meunang beja Kang Godi jeung balad fikmin rek nyayakeun gempungan di statsion Ciamis, Jang Eka urang Cijagra geuwat tatan-tatan. Jang Eka banget ku kagegeloan kana kaparigelan Kang Godi nulis fikmin. Di kamarna ngajeblag lukisan Kang Godi sila andekak. Saban manehna rek mikmin, teu poho mencrong lukisan, malah mandar meunang ideu. Cunduk poean gempungan, rengse subuh, Jang Eka geus siap rek miang. Pel GPS ditapelkeun luhureun dasbod, kalayan tujuan statsion Ciamis. Biur mangprung ti Bandung, nutur-nutur panuduh GPS. Barang srog ka statsion Ciamis, gidig jang Eka ngagandong ransel nu pinuh ku parabot. Rentang-rentang ti jauhna, katara Si Rambut Bodas Panjang, keur dilingkung balad kameumeutna. Gek Jang Eka diuk handapeun kai nu rada anggang. Bray laptop dihurungkeun. Kusiwel ngaluarkeun pesawat kontrol tanpa awak, tanpa sora. Geleber pesawat diapungkeun, muru kanu keur pada ngariung. Nit, net, leptopna disada tanda target geus kapentang kamera pesawat kontrol. Bray leptopna hurung deui, ebreh rekaman langsung nu keur gempungan ngabahas jurus nulis fikmin.
(catetan: fikmin, fiksi mini)
