Baraya sareng dulur2 sadaya, sim kuring kalintang bingahna upami wae sadayana kersa nyerat kritikan sareng saran. Sim kuring bakal nampi kalawan kabingahan.
Ngan wae ku margi KRITIK bebas; tah panginten counter kritikna oge BEBAS. Ku margi sakitu, upami aya kritik, teras ku sim kuring di counter, mugia ulah dianggap yen sim kuring embung dikritik; tapi kritik sareng counter kritik teh hiji sawala kanggo hal nu langkung sae deui. Da panginten KRITIK oge can tangtos 100% LERES; tah na sawala eta , engke katingal mana nu langkung rasionil. Sumangga diantos kritik sareng saranna. Nuhun sateuacanna. Abbas Amien
