Sigan ieu VERSI Banten wangsit Siliwangina. Da kapan ari versi Priangn mah: Jung indit ngetan ; adegkeun dua karajan di dinya; nya ngadeg Galuh Pakuan Ciung Wanara; jeung Sukapura. Engke bakal datang serbuan ti karajaan sejen nu kuat pisan; tapi eta karajaan teh bakal kalindih ku semah nu jauh. Heuheuy.........
--- In [email protected], Sp Saprudin <udarider@...> wrote: > > Wangsit Prabu Siliwangi. > Saur Prabu Siliwangi ka balad > Pajajaran anu milu mundur dina sateuacana ngahiang : âLalakon urang ngan > nepi > ka poé ieu, najan dia kabéhan ka ngaing pada satia! Tapi ngaing henteu > meunang > mawa dia pipilueun, ngilu hirup jadi balangsak, ngilu rudin bari lapar. Dia > mudu marilih, pikeun hirup ka hareupna, supaya engké jagana, jembar senang > sugih > mukti, bisa ngadegkeun deui Pajajaran! Lain Pajajaran nu kiwari, tapi > Pajajaran > anu anyar, nu ngadegna digeuingkeun ku obah jaman! Pilih! ngaing moal > ngahalang-halang. Sabab pikeun ngaing, hanteu pantes jadi Raja, anu somah > sakabéhna, lapar baé jeung balangsak.â > Daréngékeun! Nu dék tetep ngilu jeung > ngaing, geura misah ka beulah kidul! Anu hayang balik deui ka dayeuh nu > ditinggalkeun, geura misah ka beulah kalér! Anu dék kumawula ka nu keur > jaya, > geura misah ka beulah wétan! Anu moal milu ka saha-saha, geura misah ka > beulah > kulon! > Daréngékeun! Dia nu di beulah wétan, > masing nyaraho: Kajayaan milu jeung dia! Nya turunan dia nu engkéna bakal > maréntah ka dulur jeung ka batur. Tapi masing nyaraho, arinyana bakal > kamalinaan. Engkéna bakal aya babalesna. Jig geura narindak! > Dia nu di beulah kulon! Papay ku dia > lacak Ki Santang! Sabab engkéna, turunan dia jadi panggeuing ka dulur jeung > ka > batur. Ka batur urut salembur, ka dulur anu nyorang saayunan ka sakabéh nu > rancagé di haténa. Engké jaga, mun tengah peuting, ti gunung Halimun > kadéngé > sora tutunggulan, tah éta tandana; saturunan dia disambat ku nu dék kawin di > Lebak Cawéné. Ulah sina talangké, sabab talaga bakal bedah! Jig geura > narindak! > Tapi ulah ngalieuk ka tukang! > Dia nu marisah ka beulah kalér, > daréngékeun! Dayeuh ku dia moal kasampak. Nu ka sampak ngan ukur tegal > baladaheun. Turunan dia, lolobana bakal jadi somah. Mun aya nu jadi pangkat, > tapi moal boga kakawasaan. Arinyana engké jaga, bakal ka seundeuhan batur. > Loba > batur ti nu anggang, tapi batur anu nyusahkeun. Sing waspada! > Sakabéh turunan dia ku ngaing bakal > dilanglang. Tapi, ngan di waktu anu perelu. Ngaing bakal datang deui, nulungan > nu barutuh, mantuan anu sarusah, tapi ngan nu hadé laku-lampahna. Mun ngaing > datang moal kadeuleu; mun ngaing nyarita moal kadéngé. Mémang ngaing bakal > datang. Tapi ngan ka nu rancagé haténa, ka nu weruh di semu anu saéstu, anu > ngarti kana wangi anu sajati jeung nu surti lantip pikirna, nu hadé laku > lampahna. Mun ngaing datang; teu ngarupa teu nyawara, tapi méré céré ku > wawangi. Ti mimiti poé ieu, Pajajaran leungit ti alam hirup. Leungit > dayeuhna, > leungit nagarana. Pajajaran moal ninggalkeun tapak, jaba ti ngaran pikeun nu > mapay. Sabab bukti anu kari, bakal réa nu malungkir! Tapi engké jaga bakal > aya > nu nyoba-nyoba, supaya anu laleungit kapanggih deui. Nya bisa, ngan mapayna > kudu maké amparan. Tapi anu marapayna loba nu arieu-aing pang pinterna. Mudu > arédan heula. > Engké bakal réa nu kapanggih, > sabagian-sabagian. Sabab kaburu dilarang ku nu disebut Raja Panyelang! Aya nu > wani > ngoréhan terus terus, teu ngahiding ka panglarang; ngoréhan bari ngalawan, > ngalawan sabari seuri. Nyaéta budak angon; imahna di birit leuwi, pantona > batu > satangtungeun, kahieuman ku handeuleum, karimbunan ku hanjuang. Ari ngangonna? > Lain kebo lain embé, lain méong lain banténg, tapi kalakay jeung tutunggul. > Inyana jongjon ngorehan, ngumpulkeun anu kapanggih. Sabagian disumputkeun, > sabab acan wayah ngalalakonkeun. Engke mun geus wayah jeung mangsana, baris > loba nu kabuka jeung raréang ménta dilalakonkeun. Tapi, mudu ngalaman loba > lalakon, anggeus nyorang: undur jaman datang jaman, saban jaman mawa lalakon. > Lilana saban jaman, sarua jeung waktuna nyukma, ngusumah jeung nitis, laju > nitis dipinda sukma. > Daréngékeun! Nu kiwari ngamusuhan > urang, jaradi rajana ngan bakal nepi mangsa: tanah bugel sisi Cibantaeun > dijieun kandang kebo dongkol. Tah di dinya, sanagara bakal jadi sampalan, > sampalan kebo barulé, nu diangon ku jalma jangkung nu tutunjuk di alun-alun. > Ti > harita, raja-raja dibelenggu. Kebo bulé nyekel bubuntut, turunan urang narik > waluku, ngan narikna henteu karasa, sabab murah jaman seubeuh hakan. > Ti dinya, waluku ditumpakan kunyuk; > laju turunan urang aya nu lilir, tapi lilirna cara nu kara hudang tina ngimpi. > Ti nu laleungit, tambah loba nu manggihna. Tapi loba nu pahili, aya kabawa nu > lain mudu diala! Turunan urang loba nu hanteu engeuh, yén jaman ganti > lalakon ! > Ti dinya gehger sanagara. Panto nutup di buburak ku nu ngaranteur pamuka > jalan; > tapi jalan nu pasingsal! > Nu tutunjuk nyumput jauh; alun-alun jadi > suwung, kebo bulé kalalabur; laju sampalan nu diranjah monyét! Turunan urang > ngareunah seuri, tapi seuri teu anggeus, sabab kaburu: warung béak ku > monyét, > sawah béak ku monyét, leuit béak ku monyét, kebon béak ku monyét, sawah > béak ku > monyét, cawéné rareuneuh ku monyét. Sagala-gala diranjah ku monyét. > Turunan > urang sieun ku nu niru-niru monyét. Panarat dicekel ku monyet bari diuk dina > bubuntut. Walukuna ditarik ku turunan urang keneh. Loba nu paraeh kalaparan. > ti > dinya, turunan urang ngarep-ngarep pelak jagong, sabari nyanyahoanan maresék > caturangga. Hanteu arengeuh, yén jaman geus ganti deui lalakon. > Laju hawar-hawar, ti tungtung sagara > kalér ngaguruh ngagulugur, galudra megarkeun endog. Génjlong saamparan > jagat! > Ari di urang ? Ramé ku nu mangpring. Pangpring sabuluh-buluh gading. Monyét > ngumpul ting rumpuyuk. Laju ngamuk turunan urang; ngamukna teu jeung aturan. > loba nu paraéh teu boga dosa. Puguh musuh, dijieun batur; puguh batur disebut > musuh. Ngadak-ngadak loba nu pangkat nu maréntah cara nu édan, nu bingung > tambah baringung; barudak satepak jaradi bapa. nu ngaramuk tambah rosa; > ngamukna teu ngilik bulu. Nu barodas dibuburak, nu harideung disieuh-sieuh. > Mani sahéng buana urang, sabab nu ngaramuk, henteu beda tina tawon, > dipaléngpéng keuna sayangna. Sanusa dijieun jagal. Tapi, kaburu aya nu > nyapih; > nu nyapihna urang sabrang. > Laju ngadeg deui raja, asalna jalma > biasa. Tapi mémang titisan raja. Titisan raja baheula jeung biangna hiji > putri > pulo Dewata. da puguh titisan raja; raja anyar hésé apes ku rogahala! Ti > harita, ganti deui jaman. Ganti jaman ganti lakon! Iraha? Hanteu lila, anggeus > témbong bulan ti beurang, disusul kaliwatan ku béntang caang ngagenclang. Di > urut nagara urang, ngadeg deui karajaan. Karajaan di jeroeun karajaan jeung > rajana lain teureuh Pajajaran. > Laju aya deui raja, tapi raja, raja > buta nu ngadegkeun lawang teu beunang dibuka, nangtungkeun panto teu beunang > ditutup; nyieun pancuran di tengah jalan, miara heulang dina caringin, da raja > buta! Lain buta duruwiksa, tapi buta henteu neuleu, buaya eujeung ajag, ucing > garong eujeung monyét ngarowotan somah nu susah. Sakalina aya nu wani > ngageuing; nu diporog mah lain satona, tapi jelema anu ngélingan. Mingkin > hareup mingkin hareup, loba buta nu baruta, naritah deui nyembah berhala. Laju > bubuntut salah nu ngatur, panarat pabeulit dina cacadan; da nu ngawalukuna > lain > jalma tukang tani. Nya karuhan: taraté hépé sawaréh, kembang kapas hapa > buahna; > buah paré loba nu teu asup kana aseupanâ¦â¦â¦â¦â¦â¦â¦â¦â¦.. Da > bonganan, nu ngebonna > tukang barohong; nu tanina ngan wungkul jangji; nu palinter loba teuing, ngan > pinterna kabalinger. > Ti dinya datang budak janggotan. > Datangna sajamang hideung bari nyorén kanéron butut, ngageuingkeun nu keur > sasar, ngélingan nu keur paroho. Tapi henteu diwararo! Da pinterna > kabalinger, > hayang meunang sorangan. Arinyana teu areungeuh, langit anggeus semu beureum, > haseup ngebul tina pirunan. Boro-boro dék ngawaro, malah budak nu janggotan, > ku > arinyana ditéwak diasupkeun ka pangbérokan. Laju arinyana ngawut-ngawut > dapur > batur, majarkeun néangan musuh; padahal arinyana nyiar-nyiar pimusuheun. > Sing waspada! Sabab engké arinyana, > bakal nyaram Pajajaran didongéngkeun. Sabab sarieuneun kanyahoan, saenyana > arinyana anu jadi gara-gara sagala jadi dangdarat. Buta-buta nu baruta; > mingkin > hareup mingkin bedegong, ngaleuwihan kebo bulé. Arinyana teu nyaraho, jaman > manusa dikawasaan ku sato! > Jayana buta-buta, hanteu pati lila; > tapi, bongan kacarida teuing nyangsara ka somah anu pada ngarep-ngarep > caringin > reuntas di alun-alun. Buta bakal jaradi wadal, wadal pamolahna sorangan. Iraha > mangsana? Engké, mun geus témbong budak angon! Ti dinya loba nu ribut, ti > dapur > laju salembur, ti lembur jadi sanagara! Nu barodo jaradi gélo marantuan nu > garelut, dikokolotan ku budak buncireung! Matakna garelut? Marebutkeun > warisan. > Nu hawek hayang loba; nu boga hak marénta bagianana. Ngan nu aréling > caricing. > Arinyana mah ngalalajoan. Tapi kabarérang. > Nu garelut laju rareureuh; laju kakara > arengeuh; kabéh gé taya nu meunang bagian. Sabab warisan sakabéh béak, > béakna > ku nu nyarekel gadéan. Buta-buta laju nyarusup, nu garelut jadi kareueung, > sarieuneun ditempuhkeun leungitna nagara. Laju naréangan budak angon, nu > saungna di birit leuwi nu pantona batu satangtung, nu dihateup ku handeuleum > ditihangan ku hanjuang. Naréanganana budak tumbal. sejana dék marénta > tumbal. > Tapi, budak angon enggeus euweuh, geus narindak babarengan jeung budak anu > janggotan; geus mariang pindah ngababakan, parindah ka Lebak Cawéné! > Nu kasampak ngan kari gagak, keur > ngelak dina tutunggul. Daréngékeun! Jaman bakal ganti deui. tapi engké, > lamun > Gunung Gedé anggeus bitu, disusul ku tujuh gunung. Génjlong deui sajajagat. > Urang Sunda disarambat; urang Sunda ngahampura. Hadé deui sakabéhanana. > Sanagara sahiji deui. Nusa Jaya, jaya deui; sabab ngadeg ratu adil; ratu adil > nu sajati. > Tapi ratu saha? Ti mana asalna éta > ratu? Engké ogé dia nyaraho. Ayeuna mah, siar ku dia éta budak angon! > Jig geura narindak! Tapi, ulah > ngalieuk ka tukang! > > > > ________________________________ > Dari: Ki Hasan <khs579@...> > Kepada: Ki Sunda <[email protected]> > Cc: Baraya Sunda <[email protected]> > Dikirim: Selasa, 20 Desember 2011 4:15 > Judul: [kisunda] Pilgub Jabar 2013 - Rieke Diah Pitaloka > > > >  > > Rieke Daftar Calon Gubernur Jabar Lewat PDIP > Senin, 19/12/2011 - 17:14 > BANDUNG, (PRLM).- Anggota DPR RI Rieke Diah Pitaloka menambah deretan nama > bakal calon gubernur/wakil gubernur Jawa Barat melalui Partai Demokrasi > Indonesia Perjuangan (PDIP). Rieke melalui staf pribadinya telah mengambil > formulir pendaftaran pada batas akhir ke kantor DPD PDIP Jabar, Jln. Pelajar > Pejuang '45 Kota Bandung, Senin (19/12). > Menurut T. Rully Fachrialsyah yang mengambilkan formulir untuk Rieke, > pengambilan formulir itu menandakan kesiapan Rieke untuk turut bertarung > dalam pemilihan Gubernur (pilgub) Jabar 2013. "Ini merupakan bentuk kesiapan > Rieke untuk mencalonkan diri sebagai gubernur melalui PDIP," kata Rully yang > sekitar pukul 13.00 WIB datang dengan surat kuasa yang ditandatangani Rieke > di atas materai 6.000. > Ia menyatakan, Rieke tidak bisa mengambil formulir itu langsung karena > kondisi kesehatannya yang sedang hamil tua. Meski begitu, Rieke berencana > untuk bisa mengembalikan formulir pendaftaran yang sudah dilengkapi > persyaratan administrasi pada Kamis (22/12). > Rieke berada di urutan ke enam dalam jajaran pendaftar cagub/cawagub dari > PDIP. Yang mendaftar sampai penutupan kemarin selain Rieke adalah Eep > Hidayat, Gatot Tjahjono, Aang Hamid Suganda, Don Moerdono, Dedi Supardi, dan > kader dari PDIP Kab. Bandung M. Aris Wibisono. (A-160/A-88)*** > http://www.pikiran-rakyat.com/node/169971 > ------------------------------------ Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> Your email settings: Individual Email | Traditional <*> To change settings online go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join (Yahoo! ID required) <*> To change settings via email: [email protected] [email protected] <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [email protected] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
