Ma'ruf Tafsin
BUJUR HAYAM

Si saunah isu- isuk keneh di buruan ngabaceo sorangan bari nyapuan buruan...
"ku naon maneh saunah" ceuk Ceu Hj Yulia (anu di lembur Si sakim mah
katelah pang "denok" na..)
"Ieu ceu haji...Ka Sakim barang boga hayam....ti isuk keneh..sibuk bae
jeung hayamna......, anak can mandi..eh...malah hayam
diheulakeun...boro-boro mandian kula mah" ceuk Saunah bari herowoswos semu
ngambek...
"Makanya dong...Ikutan sayah...Pitness dan Be El...." Ceuk Ceu Hj make
bahasa malayu jeng logat menes na anu khas...bari nyimpen leungeun dina
cangkeng...jeung saeutik nonggengkeun bujurna nu bahenol.....
"Walah...boro-boro BL...Bau Lauk meureun.." ceuk saunah bari langsung ka
dapur..
Si Sakim harita masih sibuk mandian eta hayam..., eta hayam teh pamere Si
Joni...(tukang ngadu hayam di lemburna..)
Saunah diuk dina didingklik bari ngangsurkeun suluh kana hawu...ari matana
mah terus ningalikeun kalakuan Si sakim..., Eta Si Sakim katingali
ngadeungetkeun sungutna kana bujur hayam...
Si sakim rupana keur ngomong sorangan jeung hayam...
"Hayam...hayaaaam....rek milu moal dia ka Jakarta...?..ceuk sakim bari eta
bujur hayam ditiup lalaunan.....
"Moal...Moal..." ceuk hayam ..(puguh wae ieu mah lain sora hayam...tapi
sora Si Sakim ngantakeun gerak bujur hayam). Geus kitu eta Si Sakim
ngehkey...seuri sorangan...
"Hayam...hayam...Rek milu Ka Ali dia Ka Petnam...." Ceuk Sakim...
"Moal....moal...." (meureun basa nu tepat mah mual....mual..=moal) ceuk
hayam. Bari si Sakim seuri sorangan ningali eta polah hayam....
Ningali kaayaan kitu eta Saunah langsung cingcat....eta samping butut
titinggalan ibuna geura disingsatkeun....terus leungeun katuhu mamawa
didingklik...
"GUBRAK"...BAK...BEK...BOK....eta sora didingklik diadukeun jeung Hulu Si
Sakim...
Sakim ; Haruh..........(bari nyekelan hulu ku leungeun kenca...ari leungeun
katuhu tetep we. Hayam)
Hayam: Keok.......keok...(mun ieu mah bener sora hayam)
Eta hayam ..kusabab kaget...langsung bae ngising kana beungeut Si
Sakim.....Puguh wae eta si sakim benjol bari bau....tai lantung...
Ti wanci harita...eta si Sakim kapok ngurusan hayam...ayeuna mah sibuk
merende saunah seorang............ngan can leungit kalakuanan mah...gantina
bujur hayam....ayeuna mah bujur saunah anu ditiupan....
Tapi...Si Sakim tetep panasaran...Eta kunaon bujur saunah amun ditiup teu
siga bujur hayam...? (meureun bisa sakripsi anu judulna kieu : "PERBEDAAN
RESPONS BUJUR SAUNAH DENGAN BUJUR HAYAM TERHADAP RANGSANGAN SPESIFIK MANG
SAKIM"..sugan wae meunang dana ti USAID/FULLBRIGHT...sugan we..meunang
hadiah Nobel...soalna output -na bagus jasa keur masalah rumahtangga
sadunia, nyaeta......jurus.........empot........ayam.........

Kirim email ke