Pas pisan Emeh jeung Emed ngajodo, tapi hade pisan lamun begitu emeh ditinggal 
maot ku Emed.....kawin deui da Sodin, jadi pas pisan ngarangkep si emeh jeung 
si sodin.



________________________________
 From: Abbas Amin <[email protected]>
To: kisunda <[email protected]>; urangsunda <[email protected]> 
Sent: Saturday, December 24, 2011 12:35 PM
Subject: [kisunda] Cersil Sunda ka 28
 

  
Poe eta, sanggeusna shalat shubuh, Jalma kaluar masih poek
keneh; Jalma kaluar rek ngagerakkeun badan saeutik; tapi aya nu nuturkeun  
barang dilieuk nyata bapana Nyi Epon. Nya
duaan bareng leuleumpanganana; kira2 geus rada jauh, reg we Ki Astahiam, bapana
Nyi Epon ngarandeg; terus ngajak ka kebon sampeu; di dinya Ki Astahiam ngala
hiji sampeu apuy nu gede; terus nyieun pirunan di dinya keneh; da aya hawu, nu
memang ngahaja dijieun di dinya ; lantaran sering dipake meuleum sampeu;
kabeneran di Leuwiseeng hujan teh rada carang.
Sanggeus sampeuna asak duanana ngopi beuleum sampeu; dariuk
padeukeut; sanggeus sawatara lilana Ki Astahiam ngadehem; pok nyarita:”Jalma,
ari Ujang geus mikirkeun kumaha pikahareupeun ?”
Jalma:”Naon tea bapa ?”
Ki Astahiam:”Enya eta.......... hehehe........... imah imah;
naha geus aya pikiran ka dinya ?”
Jalma rada ngahuleng, pok nyarita:”Maksad bapa naon ?”
Ki Astahiam:” Eta ujang geus aya tetempoan ?”
Jalma beuki teu ngarti :”Maksad bapa ?”
Ki Astahiam :”Ih ari Ujang piraku teu ngarti maksud bapa ?”
Jalma:”Henteu pa, leres kuring mah teu ngartos.”
KI Astahiam:”Naha Ujang can mikir hayang kawin ?”
Mun enggeus mah, Jalma teh asa ngadenge geledek saleser ku reuwas2na
ditanya togmol kitu ku Ki Astahiam.
Jalma:”Boro2 bapa, da seueur keneh nu bade dilakonan ku kuring;
duka iraha tah salsena tugas pribadi teh .”
Astahiam:”Oh kitu ? Yeuh Jang bapa mah nanya soteh, bane we
Ujang kapan nu nganteurkeun Si Epon ka dieu; geus nyalametkeun Epon; mun wae
Ujang aya pikiran ka Epon, bapa caang bulan opatwelas, moal ngoretkeun.”
Jalma:”Duuuh bapa, nuhun pisan ka na kapercantenan bapa ka kuring.
Tapi leres2 kuring teh masih seueur keneh tugas............. sanes kuring
nampik; sarengna deui kuring teh kurang ihlas atuh, mun kuring boga pikir kadua
leutik ka Nyi Epon.”
Astahiam:”Euh kitu ? keun we atuh. Tah ayeuna naon wae nu
bakal dijalankeun ku Ujang teh atuh ?”
Jalma:”Eu....... Pa manawi kantos ngadangu di dieu aya
kajadian welasan taun kalangkung; aya budak leutik diculik !?”
Ki Astahiam rada kerung.......... sanggeus rada lila, pok
nyarita:”Eu.......... asana memang aya, wah harita jelema2 pada guyur; lantaran
aya kaributan antara Nyi Emeh jeung salakina nu kadua.”
Jalma :”Kumaha tah pa, dongengna ? cik carioskeun, sabab hal
eta penting oge kanggo diri kuring.”
Ki Astahiam:”Naon hubunganana Jang ?”
Jalma rada ngabalieur ditanya kitu mah, tapi terus we
dibalibirkeun:”Eta.........
kuring meunang pancen ti Guru kudu neangan kulawarga nu
leungiteun budak; kuring kudu milu bebela.”
Ki Astahiam:”Euh kitu? Kieu ari dongengna mah; tah Nyi Emeh
teh urang lembur Leuwiseeng , nu imahna rada jauh ti dieu aya di pojokan
kampung; imah2 jeung salakina KI Emed; boga anak hiji leutik keneh pisan; tapi
imah2 Nyi Emeh teu lila da kaburu Ki Emedna maot; tapi teu lila rarandaan Nyi
Emeh kawin deui ka Ki Jamhur, lain urang dieu tapi cenah mah Urang Pasir
Nangka; eta salaki jeung pamajikan teh teu lila; kakara ge sabulan geus gur ger
we sering pasea; malah kungsi oge pasea rongkah; nepi ka Nyi Emeh disiksa; nya
atuh Urang lembur daratang misah; Nyi Emeh aluk2an ceurik cenah Ki Jamhur geus
nyulik anakna; teu nyaho dibawa kamana? Ari Ki Jamhur teu tarima; nya der we
pasea rongkah.
Tapi sanggeus disilidik ku tua kampung, memang akhirna
kapanggih yen memang Ki Jamhur nu nyulik eta budak, maksudna rek dijual ka
dayeuh; tapi di sisi leuweung manehna nyeri beuteung; nya asup ka leuweung
heula ; cul we budak mah ditinggalkeun. Ari balik deui, budak geus leungit ! Ki
Jamhur pada maledogan, anu saterusna kabur duka kamana ?
Kitu tah caritana.” Ki Astahiam nutup dongengna.
Jalma :” Ari eta budak saha ngaranna, jeung dimana ayeuna Nyi
Emeh ?”
Astahiam :”Ngaranna eta budak...........  eeee........ mun teu salah Jatnika2 
kitu ?
Ari Nyi emeh satutasna ditinggalkeun  ku anak; sering huleng jentul; sakapeung
ceurik mani elih2an; eta teh carita ti tua kampung nu rada deukeut ka imah Nyi
Emeh; akhirna Nyi Emeh ngiles; duka kamana teu aya raratanana ?”
Sajongjongan mah Jalma ngahuleng; asa jauh panglamunan, mun
teu digebah ku Ki Astahiam mah, Jalma terus we meureun neruskeun lamunanana. Ki
Astahiam oge rada heran kunaon Jalma siga nu katarik pisan ka na dongeng soal
budak leungit teh ? 
  “Yu ah urang balik,
da geus beurang, bisi nu di imah deudeupeun”Ki Astahiam nyarita, bari jung
nangtung, nguliat sakeudeung, terus we ka jalan balik, kitu deui Jalma
nuturkeun Ki Astahiam; pikiranana baluweng; emh Ema, ka mana atuh ? sugan teh
bakal jonghok di dieu ? Kitu pikiran Jalma nu nguluwut waktu harita.
Isukna Jalma pamitan rek neruskeun lalampahanana; ditahan ge
geus teu bisa ditahan deui; Nyi Epon nepi ka hing2 ceurik, lantaran beurat
pisan kudu pipisahan jeung Jalma nu geus numbu umur manehna. Jalma ngahibur Nyi
Epon, yen engke ge dimana geus waktuna mah Insya Allah bakal bisa papanggih
deui.
Jadi Jalma inditna di na waktu ieu, diceungceurikan ku Nyi
Epon.

HANCA
 
 

Kirim email ke